Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 8 >> 

1Dengekeun, hikmah teh cumeluk, budi akal menta dipirosea.

2Nangtungna di tempat nu laluhur, di sisi jalan jeung di parapatan.

3Lebah kaca-kaca nagara, gigireun lawang ka kota, cumelukna:

4"He umat manusa! Kami sumeja pepeling. Kami cumeluk ka unggal jalma pangeusi dunya.

5Sangkan nu acan sawawa jadi sawawa, anu burung ngajadi jelema luhung.

6Regepkeun! Pitutur kami kabeh pinunjul, saestuna, satemenna.

7Anu dipedar ku kami perkara anu sayakti, sabab bohong teh kacua kami.

8Pitutur kami kabeh saestu, taya nu palsu, jeung lain geusan nipu.

9Pikeun anu nyaring pikir tangtu eces. Pikeun anu asak warah, tangtu bruh-breh.

10Ti batan milih perak, mending milih pitutur kami. Ti batan milih emas, mending milih kanyaho.

11Kami teh hikmah, punjul ti batan permata. Kabeh panyileukan maneh, moal ngungkulan ka kami.

12Kami teh hikmah, boga akal budi, kanyaho jeung panalar anu sehat.

13Sieun ku PANGERAN, eta cua kana dosa. Adigung reujeung gumede kacua kami, kitu deui adat jahat reujeung omongan palsu.

14Kami nu ngarang tarekah, kami anu ngajalankeunana. Kami nu boga pangarti. Tur kami digjaya.

15Kami nyokong raja-raja, ngaping ngatur karajaan, ngabantu para pangagung nyusun hukum kaadilan.

16Pamarentah-pamarentah di dunya, ahli-ahli nagara jeung para gegeden, jarenengna teh ku lantaran kami.

17Kami nyaah ka anu nyaah ka kami. Sing saha nu neangan kami, tangtu bisa papanggih.

18Kami bisa mere kasugihan, harkat, kaharjaan katut kayaktian.

19Sagala perkara anu ti kami, punjul ti emas nu pangendahna, punjul ti perak nu pangmurnina.

20Kami nyorang jalan anu bener, nuturkeun jalan kaadilan.

21Jalma nu nyaah ka kami, ku kami diwaris kakayaan, imahna dipinuhan dunya brana.

22Di antara ciciptan PANGERAN katut dadamelana-Na, kami anu pangheulana dicipta ti jaman purwa.

23Kami digelarkeun pangheulana, memeh gumelarna alam dunya.

24Samemeh aya sagara, samemeh aya cinyusu-cinyusu, kami geus lahir ti jaman beh ditu.

25Medal saheulaeun gunung-gunung, lahir memeh pasir-pasir tingjalegir.

26Nya samemeh PANGERAN ngadegkeun bumi jeung daratanana, samemeh aya taneuh sakeprul.

27Kami nyaksian Mantenna ngadegkeun langit, nyaksian Mantenna mentangkeun cakrawala luhureun sagara.

28Nyaksian Mantenna ngayakeun mega di langit, nyaksian Mantenna mukakeun sumber-sumber cai sagara.

29Nyaksian Mantenna marentah ka laut, sangkan ulah pasang liwat ti misti. Nyaksian Mantenna masangkeun pademen bumi.

30Kami nyarengan Mantenna lir ahli adegan. Kami jadi sumber kasugemaan manah-Na sapopoe. Kami bagja aya di payuneuna-Na.

31Kami sugema nenjo alam dunya, sarta kataji ku umat manusa.

32Para nonoman, raregepkeun! Turutkeun pitutur kami, tinangtu bagja.

33Lenyepkeun sakur anu ku kami diwurukkeun. Hikmah teh ulah dimomorekeun.

34Sing saha anu ngagugu ka kami, tinangtu bagja hirupna, sapopoe ngajaga dina panto kami, ngadago dina lawang ka imah kami.

35Jelema nu bisa manggihkeun kami, ngamilik hirup, sarta kamanah ku PANGERAN.

36Anu teu bisa manggihkeun kami, eta teh nyangsara maneh. Anu ngewa ka kami, tandaning cinta kana paeh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel