Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 13 >> 

1(13:1-2) Eta omongan, saucap-ucapna pikeun kuring mah teu aneh deui. Lain ngan anjeun bae, kuring ge nyaho taya kacekna.

2(13:1)

3Kuring kukulutus teh lain ka aranjeun, tapi ka Allah, rek ngabela perkara kuring.

4Aranjeun teh bodo, tapi pura-pura pinter, nyeta-nyeta dukun lepus padahal taya kamampuh.

5Mending repeh, sugan bae disangka pinter!

6Anggursi dengekeun, heug ngaraskeun ka kuring.

7Rek naon bohong pipinteranan? Kutan rek ngabantu Allah ku bohong?

8Arek sasanggupanan mantuan ka Mantenna, arek ngabela perkara Mantenna di pangadilan?

9Lamun diri aranjeun ku Mantenna ditoong ditempo, aya kira-kirana nu hade di dinya? Dikira Allah iasa dibobodo kawas aranjeun ngabobodo manusa?

10Kereteg prasangka anu buni ge, mo burung ku Mantenna diseukseukan,

11kakawasaan Mantenna bakal nagiwurkeun anjeun.

12Papatah-papatah aranjeun lir kebul, taya gunana. Pangbantah-pangbantah aranjeun lembek kawas taneuh porang.

13Jadi, mending repeh, kuring rek nyarita. Balukarna mah kumaha engke.

14Geus nekad, paeh hirup kumaha behna.

15Rek dipaehkeun oge ku Allah mangga teh teuing, da puguh geus taya pisan harepan. Jadi matak naon mun balaka ngabela sagala laku lampah ka Mantenna.

16Malah ceuk rarasaan, wani kieu teh asa matak salamet, da ari nu jahat mah piraku wani kieu ka Allah.

17Jadi, bandungan ieu omongan kuring.

18Kuring geus tarapti, omongan enggeus diatur, sabab yakin diri kuring bener.

19Ya Allah, leres Gusti teh bade nuding ka abdi? Upami leres, teu sawios abdi seja repeh dugi ka paeh.

20Nanging gaduh dua rupi panuhun. Upami dikabul, abdi moal dugi ka nyumput ti kersa Gusti.

21Kahiji, abdi ulah hantem bae disiksa, kadua, ulah dibegbregan bae ku kasieun.

22Bilih bade Gusti heula nu nyual, mangga, abdi nu ngawangsul. Bilih kedah abdi heula, mangga, Gusti anu ngawaler.

23Mangga sebatkeun bae, sakumaha seueurna kalepatan sareng dosa abdi, sebatkeun bae, naon kajahatanana.

24Ku naon Gusti teh mungkur ti abdi, ku naon abdi teh dianggap musuh?

25Bade ngagebrag? Abdi mah ukur kalakay, gampil diramesna, sakadar jarami garing, gampil diririkesna.

26Anu pait anu peuheur, breg ku Gusti dibegbregkeun ka diri abdi, malah kasalahan nu enggeus-enggeus ge begbregkeun sakalian.

27Suku dibangkol, dirante, unggal lengkah diawaskeun, malah ka tapak-tapakna dugi ka dilelekan.

28Atuh tangtos bae abdi teh ngarempeyek jeg kai bobo, jeg baju dihakanan geget dugi ka karancang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel