Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 17 >> 

1Hirup kuring geus meh tutup, napas geus meh beak tinggal kuburan nu geus ngajogo.

2Geus kawangwang, pisakumahaeun bangetna bala rea moyokna.

3Kitu Gusti, ari sabalakana mah. Tampi atuh pihatur abdi teh, da ku pada jalma mah henteu dianggap,

4kawantu maranehna ku Gusti dihaja, sina lalepat nimbangna perkawis abdi. Matak naon upami ayeuna ulah sina karitu bae.

5Aya paribasa: Anu nepi ka tega ka sobat pedah aya piuntungeun, anu keuna ku wawalesna teh anakna.

6Eta paribasa ku maranehna dilarapkeun ka abdi, geus bae anu ngadararenge kitu teh ka darieu, ngadon nyariduhan kana beungeut.

7Panon celong asa lolong balas ceurik balilihan, suku leungeun kantun sagede-gede elekan.

8Anu arumangkeuh jujur mani tingraranjug, mani nuding-nuding magar abdi jalma murtad.

9Anu baroga rasa yen dirina mah mulya beresih, pok deui, pok deui nyebut yakin yen panudingna kitu teh bener.

10Padahal lamun seug maranehna daratang sareng narangtung di dieu, saurang ge ku abdi moal kapendak aya anu bijaksana.

11Umur abdi meh lastari, harepan parantos musna, kahayang teu aya nu laksana.

12Nanging ku ieu sobat-sobat, peuting dipajarkeun beurang, majar teh sakeudeung deui ge caang, ongkoh sidik abdi teh ripuh, nuju poek samagaha.

13Ayeuna mah parantos teu aya kahayang, lian ti hayang enggal-enggal meuntas ka alam kubur, hayang enggal-enggal ngagojod di alam poek,

14seja ngabapa kana astana, ngindung midulur ka cacing-cacing anu baris ngahakanan ieu jisim.

15Lebah mana ayana harepan pikeun abdi, sarupa mah? Cik saha anu ningal, sarupa mah?

16Ari parantos pindah ka alam kubur mah, parantos teu aya harepan nanaon deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel