Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 24 >> 

1Ku naon Allah teu ngayakeun waktu keur ngahakiman, hiji poe kaadilan keur sakur nu ngawula ka Mantenna?

2Jalma-jalma nyorok wates lahan batur, ngarah lahanna tambah lega, malingan domba dicampurkeun jeung anuna.

3Ka kalde-kalde para pahatu teu dikarikeun, kitu keneh sapi milik para randa nu teu bisa mayar hutang.

4Hak-hakna kaum miskin ditararahan, nu kokoro dibuburak.

5Atuh nu mariskin teh lir kalde alas, nareangan dahareun ka leuweung nu kagaringan di mana-mana geus teu manggih dahareun keur anak-anakna.

6Jadi kapaksa kudu ngala ti lahan lain bogana ngumpulkeun anggur nu aya di kebon-kebon jalma jarahat tea.

7Ari peuting hareesna di nu ngaliglag, tingporongkol teu dibaju, teu disimbut,

8lamun hujan di pagunungan, mani kuyumus, marucicid tingsalindung tukangeun batu.

9Barudak anu geus teu baroga bapa, dibadegakeun, disina kerja paksa, nu teu bisa mayar hutang, anakna dirampas,

10nu balangsak diurak, tur teu baju-baju acan. Batur panen, kaum miskin mah ngongkrong.

11Rajeun ge digarawekeun, upamana meres minyak jeung anggur geusan inumeun, tetep bae tikorona mah gararing.

12Di lembur patingharegung, nu taratu nu sakarat, tapi kawas henteu didangu ku Allah.

13Aya deuih, jalma-jalma nu ngamusuh ka nu caang-caang, di nu caang teh kalah ka samar polah, nu matak caang teh disalingkiran.

14Nu arek ngarogahala, arek maehan si miskin, inditna teh poek keneh memeh caang. Nu ngarampog, biasana peuting-peuting.

15Nu rek lacur, inditna bada sareupna, bari palungas-palengos sieun kawawuhan.

16Nu ngabangsat, nu ngagangsir, salawasna sok ti peuting, ti beurang mah ngadedempes nyumputan caang.

17Jadi ku nu karitu mah caang teh dipikasieun. Sabalikna, ka nu poek-poek mah resep, da pangrasana aman taya bahaya."

18Sopar: "Jalma jahat bakal katarajang caah, lahan bogana disapa ku Allah moal bisaeun deui manehna melakan kebon anggurna.

19Lir salju musna ku panas jeung katiga nya kitu jelema nu boga dosa musna ti dunya enggon nu hirup.

20Ku indungna sorangan ge geus teu dipikainget, jasadna geus dihakanan ku bilatung geus binasa lir tangkal anu geus rubuh.

21Kitu bagian si euweuh rasrasan. Si tukang ngisat randa-randa, si tara nyaah ka nu garabug.

22Allah teh maha digjaya. Lamun Mantenna geus meta, si kumawasa dibinasa, si jahat dicabut nyawa.

23Najan disabaran bae oge, tur diantep sina rareugreug naranjung, tetep ku Allah diincer.

24Sanggeus diingkeun sakeudeung, sanggeus hasil panejana, kulapes layu ngadadak, lir daun anu ngararas, lempes lir ranggeuyan pare dipetik tina gagangna.

25Pek, saha nu bisa ngabantah, nu rek nyebut lain kitu? Bisa ngabuktikeun, lamun eta henteu bener?"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel