Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 29 >> 

1Ayub sasauran deui,

2"Kahayang mah hirup teh cara bihara-bihari, waktu eukeur diraksa keneh ku Allah,

3basa ku Mantenna tara kendat disarengan, nepi ka kuring tara poekeun, caang ku cahya Mantenna.

4Harita mah kuring teh jelema mukti, kawantu dalit jeung Allah, rumah tangga ditangtayungan.

5Jeung Allah Nu Maha Kawasa teu pisah-pisah, jeung anak riung mungpulung.

6Tara towong nginum susu, loba sapi loba embe, di kebon di tanah cadas tangkal jetun tingarulang.

7Ana sesepuh kota gempungan, kuring ge milu nungkulan.

8Lamun lar kuring ngaliwat, nu ngarora nyararisi mere jalan, nu sarepuh ararajeg ngahalormat.

9Lamun kuring enggeus datang, pamingpin-pamingpin nu keur cacarios ge liren heula nyariosna,

10dalah jalma pangpentingna ari datang kuring mah jep jempe.

11Ku nu nyaraho sorangan atawa ku nu sakadar ngadenge, salampah-lampah kuring dipuji, jadi senen kalemekan.

12Lamun aya nu miskin ngalengis, gancang ku kuring ditulung. Nu pahatu, nu teu boga pamatuhan geuwat disambat.

13Jalma-jalma anu dijait ku kuring, kacida tumarimana, kitu deui randa-randa, ku kuring disarenangkeun.

14Dina sagala hal kuring teh lempeng jeung jujur.

15Keur nu lolong jadi minangka panonna, keur nu gempor jadi minangka sukuna,

16keur nu malarat jadi minangka bapana. Semah anu eukeur susah ku kuring dibela.

17Pangagung lalim ku kuring diwarah, nu jadi korbanna dijait disina leupas.

18Nu diharep salawasna hayang nanjung panjang umur, mun paeh hayang di imah ngarah utama sugema.

19Harita kuring teh ibarat tangkal, nu akarna juuh ku cai, dahan-dahan jeung daunna cipruk ku ciibun.

20Ku jelema diparuji, pakarepan tara gagal.

21Lamun kuring mere luang, jalma-jalma mani jempe, saregep ngabarandungan.

22Lamun ngomong enggeus anggeus euweuh nu wani nyambungan, tiap ucap keunana nyerep, lir cihujan rembes ka jero taneuh.

23Nu ngadarengekeunana bangun pohara resepeunana, lir patani narimakeun hujan.

24Samangsa maranehna pegat pangharepan, ku kuring sok diimutan, timbul deui wawanenna mun kuring nembongkeun budi marahmay.

25Urusanana geuwat ku kuring ditangkes tuluy diputus, jelemana dipetakeun, lir balad keur ditata ku rajana. Jalma anu pegat pangharepan dililipur nepi ka teger.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel