Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 9 >> 

1(9:1-2) Ayub: "Enya, kuring ge geus nyaho. Piraku manusa bisa ngalawan Allah?

2(9:1)

3Na aya nu bisa ngalawan ka Mantenna? Mantenna iasa merekpek ku sarebu pertanyaan, hiji ge moal aya nu kajawab ku manusa.

4Allah ieuh, nya pinter nya Maha Kawasa, pamohalan jelema teh kuat ngalawan.

5Ana Mantenna geus bendu sok tara tatapasini deui, gunung-gunung digempur sina rarugrug,

6bumi digunjang-ganjing ku lini, paseuk-paseuk jagat dicabutan.

7Ku Allah mah panonpoe ge dipondah teu bisa bijil, bentang-bentang henteu bisa narembongan.

8Mantenna mantengkeun langit, nyalira bae, bari nincak kana tonggong mahluk sagara.

9Di langit ngagantungkeun bentang: Bentang Biruang, Bentang Orion, Bentang Tujuh, Bentang Kidul.

10Padamelana-Na nu araheng ku urang henteu kaharti, mujijat-Na teu aya wates wangenna.

11Mantenna aya ngalangkung, tapi ku kuring teu katenjo.

12Ari enggeus mikapalay, naon ge dicandak, taya anu bisa mapalangan, tara aya anu wani tumaros, ‘Keur damel naon?’

13Ana bendu sok kadalon-dalon (teu bisa dipondah), musuh-musuhna, nu ngabantu Rahab — si mahluk sagara, nu ngalawan ka Mantenna tea, diremukkeun.

14Komo kuring, pimanaeun bisa manggih piucapeun keur ngalawan ka Allah?

15Sanajan kuring bener ge, mo bisa nempas, kalah ka kapaksa menta dipikarunya, ku Mantenna nu mutus perkara kuring.

16Jeung sanajan ku Mantenna dibere tempo keur ngomong, kuring mah teu percaya yen kersaeun ngadangukeun.

17Kalah ka teu puguh-puguh, kuring disina dibuntang-banting ku angin topan.

18Kuring teh teu meunang ngarenghap-ngarenghap acan, sagala damel-Na ka kuring wungkul ngagerihan ati.

19Kudu maksakeun ngalawan? Ngalawan ka Allah? Arek maksa ngagusur Mantenna ka pangadilan? Saha nu sanggup maksa ka Mantenna?

20Najan kuring bener tur satemenna, ana pok mah ngomong saucap-ucap teh bet salah, saucap-ucap teh matak cilaka bae.

21(9:21-22) Ayeuna mah, sanajan enya bener ge paduli teuing, da kuringna enggeus bosen hirup. Rek salah rek bener, ku Allah manusa teh teu burung ditumpur.

22(9:21)

23Lamun anu bener tea ngadadak paeh, Allah kalah ka gumujeng.

24Dunya ku Allah geus diserenkeun ka nu jarahat, hakim-hakim sina lolong. Lamun lain ku Allah, ku saha deui?

25Umur kuring ngabelesat siga anu balap lumpat, sapoe ge teu kungsi panggih jeung bagja.

26Lajuna lir parahu balap, rikat alah batan heulang nyamber hayam.

27(9:27-28) Sakitu kanyeri dipopohokeun, bari maksakeun diri ngahehegar maneh, karasana kalah ka beuki kasiksa, tetela kuring teh ku Allah tetep dianggap doraka.

28(9:27)

29Ku sabab tetep dianggap salah, keur naon atuh nyusahkeun maneh oge?

30Najan dihantem diseretu, diri kuring pamohalan bisa beresih.

31Ku Allah ge kalah ka dibalangkeun ka jarian, papakean jarareblog matak gareuleuh.

32Manasina Allah teh jelema, meureun bisa ditembal dicental, meureun bisa dibawa ka pangadilan, ngarah putus mana nu salah.

33Kaya kieu mah kuring cekcok jeung Allah teh teu aya nu bisa nyapih, moal aya nu bisa mutus, saha nu salah, kuring atawa Allah.

34Duh Allah, cik ulah kitu-kitu teuing! Nyiksa teh mani pupuasan!

35Teu sieun abdi mah ngomong kitu ge, da ceuk rarasaan mah abdi teh bener!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel