Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 25 >> 

1Sanggeus masanggrahan di Lebak Sitim, urang Israil mimiti maraen awewe ka urang Moab anu marukim di dinya.

2Urang Israil ku eta awewe-awewe diarajak kana pesta-pesta anu diayakeun pikeun muja allah urang Moab. Urang Israil marilu ngadahar kadaharanana, marilu nyembah ka eta allah,

3nya eta Baal di Peor. Ku sabab eta PANGERAN jadi wera,

4tuluy nimbalan ka Musa, "Tangkepan kabeh kapala Israil, geus ngaralawan ka Kami! Paehan hareupeun sakabeh, sangkan lemper wera Kami ka urang Israil."

5Ti dinya Musa miwarang logojo-logojo, saurna, "Paehan ku maraneh masing-masing, sakur jelema ti kaom maraneh anu nyembah ka Baal di Peor."

6Sabot jelema-jelema keur careurik hareupeun gapura Kemah PANGERAN, dumadakan aya hiji urang Israil liwat mawa awewe urang Midian terus asup ka kemahna, kasaksian ku Musa, ku sarerea.

7Ari Pinehas putra Elasar putu Imam Harun, barang ret ningal terus ngorejat, ceg kana tumbak,

8tuluy ngagidig ka kemah eta jelema, gecrok eta jelema jeung awewena dipanggang ku tumbak, parat duanana. Reg balahi ka urang Israil kandeg.

9Tapi geus katalanjuran, geus loba anu paraeh mani dua puluh opat rebu urang.

10PANGERAN ngandika ka Musa,

11"Pinehas anak Elasar incu Harun geus nyirnakeun wera Kami ka urang Israil. Teu mere ampun ka nu nyembah ka allah sejen lian ti ka Kami. Ku sabab kitu urang Israil ku Kami henteu terus dibeakkeun sanajan manah Kami ngentab panas.

12Bejakeun ka Pinehas, Kami rek ngadamel perjangjian ka manehna, langgeng moal barobah.

13Ku sabab sakitu gumatina, henteu mere ampun ka satru Kami, nepi ka Kami kersa mere ampun kana kasalahan bangsa Israil, manehna turun-tumurun bakal jaradi imam."

14Anu dipaehan jeung awewe urang Midian teh ngaranna Simri bin Salu, kapala hiji warga kaom Simeon.

15Nu awewe ngaranna Kosbi, bapa eta awewe ngaranna Sur, kapala salah sahiji kaom Midian.

16PANGERAN ngandika deui ka Musa,

17"Urang Midian tarajang, tumpurkeun,

18(25-17b) sabab geus dosa merdayakeun ka maraneh di Peor, jeung ku sabab Kosbi anu dipaehan waktu keur aya balahi di Peor."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel