Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 4 >> 

1Ku sabab kitu dulur-dulur, sing parengkuh ka Gusti. Sim kuring ka aranjeun teh nyaah jeung nineung. Asa bagja jeung agul ku aranjeun teh.

2Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, bapa meredih, sing alakur dina sakapercayaan ka Gusti, sing silih pidulur.

3Kitu deui ka anjeun, kanca sim kuring anu satia, sim kuring menta supaya anjeun ngabantu ka ieu dua wanita, anu geus banting tulang jeung sim kuring ngamashurkeun Injil Kasalametan, cara Klemen jeung batur-batur sim kuring anu lianna, anu ngaran-ngaranna aya di Allah, dina Kitab Kahirupan.

4Salilana sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti. Sakali deui: Sing saruka!

5Kudu someah ka unggal jelema. Gusti urang tereh sumping.

6Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.

7Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

8Cindekna dulur-dulur, kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.

9Lakonan pituduh-pituduh ti sim kuring anu geus diajarkeun jeung geus katarima ku aranjeun, boh tina omongan sim kuring, boh tina tingkah laku sim kuring. Lamun kitu, geus tangtu aranjeun bakal disarengan ku Allah anu iasa nengtremkeun hate.

10Sajeroning hirup ngahiji jeung Gusti, sim kuring kacida bagjana, lantaran meunang deui perhatian ti aranjeun sanggeus kaheuleutan sakitu lilana. Di jero sakitu lilana ingetna mah tangtu inget ka sim kuring teh, ngan can bisa nembongkeunana, lain geus mopohokeun.

11Tapi nyebutkeun kieu oge lain ku sabab sim kuring ngarasa dilalaworakeun nepi ka hirup teu cukup. Geus biasa sim kuring mah hirup ku saaya-aya, geus diajar.

12Hirup teu cukup bisa, hirup leuwih ti cukup bisa, geus terang rasiahna. Iraha bae, di mana bae, keur makmur, keur kekerehet, keur sagala aya, keur sagala kurang, teu weleh ditarimakeun.

13Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.

14Aranjeun sakitu hadena ka sim kuring, nalang dina sagala kasusah.

15Aranjeun, urang Pilipi, terang pisan kana kaayaan sim kuring bareto basa ninggalkeun Makedoni, waktu Injil Kasalametan mimiti pisan diuarkeun. Hiji-hijina jamaah anu nulung ka sim kuring teh jamaah aranjeun. Ngan aranjeun anu daek sabagja sacilaka jeung sim kuring.

16Leuwih ti sakali aranjeun kikiriman ka sim kuring di Tesalonika.

17Nu diharep ku sim kuring lain pamerena-pamerena teuing, babakuna pisan mah hayang ningal aranjeun tambah-tambah kauntungan.

18Sagala pamere aranjeun leuwih ti cukup! Kikiriman anu dibahankeun ka Epaproditus mani sakitu lobana. Ayeuna sim kuring bisa nyumponan sakur nu diperlukeun ku sim kuring. Katarimana ku sim kuring lir kurban anu seungit anu disembahkeun ka Allah, hiji kurban anu sedep jeung kamanah ku Mantenna.

19Sabalikna sagala pangabutuh aranjeun tangtu bakal dicukupan ku Allah sim kuring nu langkung sugih, ku karana Kristus Yesus.

20Sagala puji ka Allah Rama urang salalanggengna! Amin.

21Salam sim kuring ka sakumna umat Allah anu satunggal jeung Kristus Yesus. Salam ti dulur-dulur di ditu anu reureujeungan jeung sim kuring.

22Salam ti sakumna umat Allah di ditu, babakuna ti kalangan karaton Prabu.

23Mugi-mugi sih kurnia Gusti Yesus Kristus nyarengan ka aranjeun. Wassalam, Paulus, Timoteus


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Filipi 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel