Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Habakuk 2 >> 

1Kaula rek naek kana munara jaga, rek ngadago naon nu rek didawuhkeun ku PANGERAN, sarta kumaha walerana-Na kana gugatan kaula.

2Kieu waleran PANGERAN ka kaula, "Kami rek mere wahyu ka maneh. Tuliskeun dina lempengan taneuh liket sing tetela sangkan babari dibacana.

3Kudu dicatetkeun, sabab pijadieunana moal waka ayeuna, can waktuna. Tapi waktuna geus tereh, sarta ieu anu ditembongkeun ka maneh pasti kajadian. Bisa jadi rada leuir. Tapi dago-dago bae, tangtu kajadian jeung moal ditunda-tunda.

4Sarta ieu pesenna: ‘Anu jarahat moal aya nu salamet. Tapi jalma nu balener tangtu bakal harirup, ku karana satiana ka Allah.’"

5Kabeungharan teh nipu jalma. Eta jalma-jalma sarakah teh arangkuh jeung napsuna marudah, lir maot anu taya seubeuhna, nu matak gawena ngan naluk-nalukkeun bangsa batur.

6Tapi anu geus taraluk teh maroyok jeung ngahina, pokna, ‘Eh tukang nyokot banda batur, maneh sing cilaka! Iraha rek eureun ngabeungharkeun diri ku jalan maksa nu baroga hutang ka maneh malayar hutangna?’

7Tapi, eh tukang naluk-nalukkeun batur, memeh eling maneh sorangan bakal boga hutang, sarta bakal dipaksa mayar rentenna. Maneh bakal ditempuh ku musuh, maneh ngan ukur bisa ngadegdeg. Babandaan maneh bakal dijabel.

8Loba kacida jelema-jelema sagala bangsa anu geus dirampog ku maneh. Kari babandaan maneh anu pasti bakal dijabel ku jelema-jelema anu luput ti maneh, lantaran maneh geus maehan jeung nganiaya jelema-jelema saalam dunya, nagri-nagrina diruksak.

9Cilaka maneh! Maneh geus ngabeungharkeun kulawarga sorangan meunang nyokotan ti batur ku kakerasan, sangkan imah maneh sorangan aman tina kasusah jeung bahla!

10Tapi eta rarancang maneh teh bakal matak era kulawarga maneh sorangan. Kalakuan maneh ngarampogan bangsa-bangsa sakitu lobana, mawa balahi nu bakal ngaruksak ka maneh sorangan,

11nepikeun ka bata dina tembokan ka maneh ngagorowok nyumpahan, sarta sora gorowokna dihandaruankeun ku kaso-kaso.

12Cilaka maneh! Maneh nyieun kota make dasar kajahatan, ngadegkeunana ku jalan maehan.

13Bangsa-bangsa anu ditalukkeun ku maneh, susah payahna jadi tanpa guna, jeung sagala rupa beunang maranehna ngawangun beak ku seuneu. Eta memang ku pangersa PANGERAN Nu Maha Kawasa.

14Tapi sakuliah bumi bakal pinuh ku kanyaho kana kaagungan PANGERAN, saperti lautan pinuh ku cai.

15Cilaka maneh! Sajeroning amarah maneh ngahina jeung ngawiwirang tatangga, ku maneh dijieun sina jalangjang-jolongjong kawas nu mabok.

16Ayeuna giliran maneh nu bakal nandangan kaera, sabalikna tina meunang panghormat. Giliran maneh anu bakal mabok nepi ka jalangjang-jolongjong. Maneh bakal dipaksa ku PANGERAN nginum siksaan sorangan, sarta kahormatan maneh bakal jadi kahinaan.

17Maneh geus nuaran kai di leuweung Libanon, ayeuna giliran maneh anu bakal dituar. Sasatoan di dinya ku maneh dipaehan, ayeuna maneh anu bakal kasieunan ku sasatoan. Pang jadi kitu teh lantaran maneh geus ngajalankeun rajapati jeung katelengesan ka jelema-jelema saalam dunya jeung ka kota-kotana.

18Naon gunana arca? Pilakadar beunang nyieun jelema, paragi nyebarkeun bohong. Bisa nyieun kahadean naon ka nu nyieunna pangna dipercaya — dewa nu teu bisaeun ngomong-ngomong acan!

19Cilaka maneh! Ngomong ka kayu sapotong, "Geura gugah!" atawa ka batu saguluntung, "Geura tanghi!" Bisaeun arca mere pituduh ka maneh? Bisa jadi arcana dilapis ku perak jeung emas, tapi euweuh nyawana.

20PANGERAN aya di Bait Allah, gedong-Na nu suci, jalma kabeh kudu repeh di payuneun Mantenna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Habakuk 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel