Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 15 >> 

1Geus kitu Musa jeung sakumna bangsa Israil ngawihkeun ieu pupujian ka PANGERAN, "Kuring seja ngawihkeun puji ka PANGERAN, nu geus unggul kalawan pinunjul. Kuda jeung nu tarumpakna dilelepkeun di sagara.

2PANGERAN teh pangbela kuring nu tanggoh, anu geus ngarahayukeun kuring. Mantenna teh Allah panutan kuring, kuring seja muji ka Mantenna, Allah panutan karuhun kuring, seja ngawihkeun kaagungana-Na.

3Mantenna prajurit anu lineuwih, PANGERAN jenengana-Na.

4Balad Mesir jeung pasukan karetana, dikunclungkeun ka sagara. Para senapatina anu garagah, dikubur di Laut Beureum.

5Kabeh diteureuy ku laut, jeg batu ngalelep nepi ka dasar.

6Panangan tengen Gusti nun PANGERAN, teguhna pikahelokeun. Musuh rangsak disasaak.

7Gusti unggul kaliwat saking, musuh dugi ka pating koleang. Amarah Gusti lir seuneu ngagedag, musuh dihuru lir jarami garing.

8Laut ku Gusti ditiup dugi ka nyiak, caina ngadingding nanjeur sapertos kuta. Kalbu laut jadi padet lir ngabata.

9Musuh susumbar, ‘Jalma-jalma ku aing arek diudag, barangna arek direbut, dirampasan sakahayang. Aing rek metakeun pedang, dipake ngaburak-barik.’

10Nanging ku Gusti ditiup, mung sakeak urang Mesir gulagepan, tingkerelep lir timah kaceot ku cai nyedot.

11Nun PANGERAN, batara mana anu sapertos Gusti? Saha nu tiasa nandingan ka Gusti, anu pikahelokeun bawaning ku suci? Saha anu tiasa ngadamel mujijat sareng kaahengan sapertos kenging Gusti?

12Gusti ngulangkeun panangan tengen, les musuh dicapluk bumi.

13Gusti pengkuh kana jangji, nuyun umat anu kenging nebus, dituyun ku panangan anu digjaya, dianteurkeun ka tanah Gusti nu suci.

14Kakuping wartana ku bangsa-bangsa, seug galumeter sadayana. Urang Pelisti kadatangan ketir ati.

15Para kekentong Edom pating rarempod, para satria Moab pating sareblak, urang Kanaan kasingsieunan.

16Sadayana sami tagiwur hatena, ningal kadigjayaan Gusti, nun PANGERAN, ilang daya kapupul bayu. Umat Gusti nu kenging ngarebut ti nu neungteuinganan, tumaninah ngaliwatan wewengkon maranehna.

17Urang Israil ku Gusti dicandak ka pigunungan, lajeng dipelak di ditu, di tanah kenging Gusti nyayagikeun, caket Bait kenging Gusti ngadegkeun.

18Gusti teh nun PANGERAN, nu jumeneng Raja salalanggengna."

19Urang Israil salamet ngambah dasar laut. Sabalikna urang Mesir, barang pasukan karetana jeung pasukan kudana katut anu tarumpakna tuturubun ka laut, kabeh tiwas tikerelep, sabab cai laut ku PANGERAN diliputkeun deui sabiasana.

20Ti dinya nabi istri, Miryam, saderekna Harun, nyandak terebang, diturutan ku sakabeh wanita, narabeuh terebang bari ngarigel,

21dikawihan ku Miryam, kieu, "Urang ngarawih, muji ka PANGERAN, anu geus unggul kalawan pinunjul. Pasukan kuda musuh reujeung anu tarumpakna ku Mantenna dikunclungkeun ka sagara."

22Ti dinya Musa mingpin urang Israil ti Laut Beureum ka gurun keusik Sur. Tilu poe laleumpang ngambah gurun keusik tacan keneh manggih cai.

23Sanggeus nepi ka hiji tempat anu disebut Mara, aya cai, tapi caina pait teu bisa diinum. Nya ku sabab kitu eta tempat teh dingaranan Mara.

24Urang Israil ngarasula ka Musa pokna, "Naon nu bisa diinum atuh?"

25Seug Musa neneda ka PANGERAN, nemen pisan sasambatna. Ku PANGERAN dituduhan kai sateukteuk. Ku Musa dianclomkeun kana cai pait tea, seug caina jadi bisa diinum. Di dinya PANGERAN maparin pikukuh ka urang Israil sarta terus diujikeun ka maranehna.

26Timbalana-Na, "Upama maraneh enya-enya nurut, ngalampahkeun anu bener dipayuneun Kami, jeung ngestokeun timbalan-timbalan Kami, maraneh moal katerap ku sagala kasakit anu ku Kami dikeunakeun ka urang Mesir, sabab nya Kami PANGERAN anu nyageurkeun maraneh."

27Ti dinya maranehna maju deui nepi ka Elim. Di dinya aya dua welas cinyusu jeung tujuh puluh tangkal korma, tuluy masanggrahan sisi cai.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel