Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kidung Agung 1 >> 

1Kidung anggitan Suleman. Endah taya papadana.

2Wanoja: Hayang teuing abdi ku engkang diambung, kadeudeuh engkang langkung ni’mat ti batan anggur.

3Wawangen engkang raraos seungitna, jenengan engkang lir lisah seungit nyambuang. Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.

4Cik atuh abdi teh iwat, duh sembahan abdi, candak lebet ka kamar, bari dipapag ku bagja, bakal jojoh nyacapkeun kasono. Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.

5Leuh wanoja-wanoja Yerusalem, hideung oge kuring teh geulis, hideung siga kemah urang Kedar, endah siga lalangse-lalangse karaton Suleman.

6Tong ditelek-telek hideungna, kawantu kuring mah tuman kapoe, tur jadi purah tadah carek dulur-dulur, purah tunggu kebon anggur, awak teh geus teu kaurus.

7Duh panutan cik wartosan, di mana engkang nya ngangon, di mana ngaubkeun domba-domba ari sonten? Na abdi milarian engkang teh kedah ngaprak ka tengah kumpulan domba anu lian?

8Nonoman: Leuh bentangna wanoja, karah teu uninga tempatna? Sae tuturkeun bae tapak domba-domba, pilari sampalan keur embe-embe enung caket kemah-kemah tarukang ngangon.

9Jungjunan, enung lir ibarat kuda bikang anu narik kareta raja Mesir.

10Rambut enung aya ku endah, tinggilisir kana damis, ngarumbay kana tenggek lir ranggeuyan mutiara.

11Engke enung dipangnyieunkeun kangkalung emas, ditarapang ku perak.

12Wanoja: Sang raja ebog dina bale-bale, seuseungitan pake abdi kaangseu angin-anginan.

13Barang gabrug anjeunna kana harigu, kaangseu salirana seungit emur.

14Anjeunna lir ranggeuyan kembang pacar, anu beukah di kebon anggur di Engedi.

15Nonoman: Ku geulis enung, jungjunan, soca enung ngenclong ku cahaya cinta!

16Wanoja: Ku kasep engkang teh, panutan, engkang teh estu pikaresepeun abdi! Kangge ebog, tuh katilna jukut hejo anu ngampar.

17Keur minangka tihang bumina kai kiputri. Keur minangka lalangitna tangkal camara.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kidung Agung 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel