Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 7 >> 

1Imam Agung mariksa ka Stepanus, "Bener eta kitu?"

2Waler Stepanus, "Para saderek, Bapa-bapa! Darangukeun! Waktos Ibrahim karuhun urang di Mesopotami keneh memeh ngalih ka Haran, anjeunna diebrehan ku Allah anu mulya,

3sareng ditimbalan kieu, ‘Tinggalkeun baraya jeung lemah cai maneh, jugjug hiji nagri anu bakal dituduhkeun ku Kami.’

4Seug anjeunna ngantunkeun nagrina, ngalih ka Haran. Saparantos ramana pupus, Ibrahim ku Allah ditimbalan ngalih ka dieu, ka ieu tanah tempat Juragan-juragan ayeuna.

5Nanging anjeunna ku Allah henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dipaparin jangji yen ieu tanah tan wande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Waktos Allah ngajangji kitu, Ibrahim teu acan kagungan putra.

6Kieu dawuhan Allah ka anjeunna, ‘Turunan maneh bakal jadi jalma-jalma asing di nagri batur, dijieun badega jeung diteungteuinganan opat ratus taun lilana.

7Tapi bangsa anu nganiayana tangtu baris dihukum ku Kami, sarta turunan maneh bakal budal ti eta nagri sarta bakal ngabarakti ka Kami di ieu tanah.’

8Ieu jangji ku Allah disahkeun ku upacara sunat anu dikeunakeun ka Ibrahim. Anu mawi Ibrahim teh nyepitan Ishak putrana dina yuswa saminggu. Ishak nyepitan Yakub putrana, Yakub nyepitan putra-putrana anu dua welas, karuhun urang anu kamashur.

9Putra Yakub anu jenenganana Yusup dipikasirik ku raka-rakana, dijual ka urang Mesir sina jadi badega. Nanging Yusup diaping ku Allah,

10ahirna kaluar tina kabalangsakan. Saparantos dideuheuskeun ka raja Mesir, tetela anjeunna teh pikaasiheun turug-turug pinter bijaksana. Ku eta raja dijenengkeun gupernur nyangking sakuliah nagri Mesir sareng dikawasakeun nyepeng sagala urusan karaton.

11Hiji mangsa sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan balangsak, katarajang bahla kalaparan. Karuhun urang parantos teu mendak tedaeun.

12Yakub ngadangu wartos yen di Mesir aya gandum, lajeng miwarang putra-putrana nguyang. Karuhun-karuhun urang iang ka Mesir, nembean pisan.

13Waktos raka-rakana ka Mesir deui kadua kalina, Yusup nerangkeun anjeun, sarta raja Mesir jadi uningaeun kana kaayaan saderek-saderek sareng ramana Yusup.

14Yusup titip saur ngangkir Yakub ramana sakulawargi anu jumlahna tujuh puluh lima jalmi sina ngalih ka Mesir.

15Yakub sareng saderek-saderek Yusup teras ngalumbara di Mesir dugi ka parupusna.

16Layon aranjeunna dibantun ka Sekem, dikurebkeun di hiji makam kenging ngagaleuh Ibrahim ti urang Emor.

17Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesir wuwuh seueur,

18dugi ka jumeneng hiji raja Mesir anu henteu uningaeun ka Yusup.

19Karuhun urang ku eta raja didamel kaulinan sareng diteungteuinganan; orok-orok bangsa urang dipiwarang dipiceunan sina maraot.

20Dina mangsa keur kitu Musa medal, bayi kasep, teras dirorok di bumi kenging tilu sasih.

21Ahirna kapaksa ku ibu ramana dikaluarkeun ti bumi. Kapendak ku putri raja teras diangken putra, diurus sapertos ka putra ku anjeun,

22diwulang sagala rupi elmu kapinteran urang Mesir, jadi jalmi anu pikaserabeun sareng perceka.

23Saparantos Musa yuswa opat puluh taun, timbul kahoyongna seja maluruh kaayaan bangsana.

24Dina hiji dinten anjeunna ningali aya bangsana anu keur dipahala ku hiji urang Mesir, teras dibelaan, urang Mesirna dipaehan.

25(Dina panggalihna tangtos bangsana ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah kangge ngajait maranehna, nanging maranehna henteu ngalartoseun.)

26Dinten enjingna anjeunna ningali urang Israil duaan keur garelut teras disapih, lajeng saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon nepi ka garelut jeung sasama urang Israil?’

27Nanging anjeunna disuntrungkeun ku nu saurang, anu neunggeul ka baturna. Sanggem eta jalmi, ‘Dijenengkeun ku saha maneh ngatur jeung jadi hakim kami teh?

28Rek maehan deuih ka kami, cara kamari maneh maehan urang Mesir?’

29Barang ngadangu kitu Musa enggal ngejat ti Mesir, lajeng matuh di Midian dugi ka kagungan putra dua.

30Heuleut opat puluh taun ti harita, Musa ningali aya malaikat nembongan, katembongna sapertos seuneu hurung dina hiji rungkun cucuk di gurun keusik caket Gunung Sinai.

31Bari heran sakalangkung Musa nyaketan hoyongeun langkung sidik. Nanging aya gentra Pangeran, dawuhanana,

32‘Kami teh Allahna karuhun maneh, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali.

33Allah ngadawuh deui, ‘Laan tarumpah, sabab taneuh anu ditincak ku maneh teh suci.

34Kami uninga kumaha balangsakna umat Kami dikaniaya di Mesir, kadangu tingaraduh. Anu matak Kami teh lungsur arek ngabebaskeun. Ka dieu, maneh ku Kami rek diutus ka Mesir.’

35Musa teh anu parantos ditolak ku urang Israil, anu sanggem urang Israil, ‘Dijenengkeun ku saha maneh ngatur jeung ngahakiman ka kami teh?’ Nanging Musa keneh anu ku Allah diutus sangkan mingpin sareng ngabebaskeun maranehna, dibantu ku malaikat anu nembongan dina rungkun cucuk anu hurung.

36Anjeunna mingpin urang Israil budal ti Mesir, ngayakeun mujijat-mujijat sareng hal-hal anu luar biasa di Mesir, di Laut Beureum, sareng di gurun keusik salami opat puluh taun.

37Musa keneh anu ngalahir kieu ka urang Israil, ‘Allah ka maraneh bakal ngutus hiji nabi asal ti maraneh keneh, saperti cara ngutus Kami ka maraneh.’

38Musa keneh anu nyarengan urang Israil di gurun keusik, anu nyarengan karuhun urang sareng anu nepi-nepikeun pangandika malaikat anu ngandika ka anjeunna di Gunung Sinai, sareng anu ngadongkapkeun sabda hirup ka urang.

39Nanging karuhun urang teu narurut ka anjeunna, anjeunna ditoker, urang Israil anggur marenta warangsul deui ka Mesir.

40Ceuk urang Israil ka Harun, ‘Kuring pangdamelkeun dewa-dewa anu baris mingpin, margi jalma anu ngaran Musa, anu ngaluarkeun kuring ti Mesir duka katarajang naon teu dongkap-dongkap.’

41Teras maranehna nyarieun arca sesembahan, hiji sasapian, disasajenan, dipestakeun, mestakeun barang jijieunanana sorangan.

42Ku margi kitu maranehna ku Allah ditilarkeun, sina nyarembah ka bentang-bentang di langit, sakumaha anu diserat dina kitab nabi-nabi, kieu, ‘Urang Israil! Salila opat puluh taun di gurun keusik, maraneh meuncit sato-sato kurban teh lain pikeun Kami.

43Anu sok dibabawa ku maraneh kemah brahala Molek, jeung arca si Repan, dewa bentang pupujaan maraneh; maraneh nyarembah teh ka arca-arca jieunan maraneh keneh. Ku sabab kitu maraneh ku Kami rek dibuang ka beh ditueun nagara Babul.’

44Di gurun keusik karuhun urang gaduh Kemah Tepangan Pangeran, anu dipidamelna numutkeun conto tina pituduh Allah ka Musa.

45Waktos karuhun urang sareng Yosua majeng ngarebut tanah ti bangsa-bangsa anu diusir ku Allah, eta Kemah ngiring dibantun, aya saterasna di eta tanah dugi ka jaman Daud.

46Daud anu kamanah ku Allah mundut idin ngadamel gedong kangge panglinggihan Allahna Yakub.

47Nanging anu kawidian ngadegkeun mah Suleman.

48Nanging Allah Anu Maha Agung tangtos moal linggih di tempat kenging manusa, sakumaha saur nabi,

49‘Dawuhan Pangeran: Langit tahta Kami, bumi jojodog sampean Kami. Kami rek dipangnyieunkeun imah nu kumaha? Mana tempat cicinganeun Kami?

50Ari sagala perkara karah lain Kami anu ngajadikeunana?’

51Aranjeun teh tukang ngalawan, hese beleke kana percaya ka Allah, notorekkeun maneh kana pangandika-Na sapertos karuhun aranjeun, tukang ngalawan Roh Suci.

52Naha aya nabi anu nepi ka henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Baheula karuhun aranjeun maehan sakur utusan Allah anu ngembarkeun pisumpingeunana Abdining Allah nu estu. Kiwari, aranjeun ngahianat sareng maehan ka eta Abdining Allah.

53Aranjeun, anu nampa timbalan-timbalan Allah ti malaikat-malaikat, teu narurut kana timbalana-Na!"

54Para anggota Mahkamah ngarentab hatena ka Stepanus, kacida arambekeunana nepi ka tikekereket.

55Tapi Stepanus anu pinuh ku Roh Suci tanggah ka langit, breh ningali kamulyaan Allah jeung Yesus anu ngadeg di tengeneuna-Na.

56"Tenjo itu," saur Stepanus, "kuring ningal langit muka, ningal Putra Manusa keur ngadeg di tengeneun Allah!"

57Para anggota Mahkamah mani tinggorowok jeung nyarocokan ceuli, breg kabeh narajang ka Stepanus maot.

58Stepanus disered ka luareun kota tuluy dibaledogan ku batu. Maranehna nepi ka maruka jubah, dipihapekeun ka hiji budak ngora ngaran Saulus.

59Stepanus anu teu eureun-eureun pada maledogan sasambat, "Nun Gusti Yesus, tampi ieu nyawa abdi!"

60Brek tapak deku, sasambat ngajerit, "Gusti! Mugi ieu jalmi-jalmi ulah dibales!" Geus kitu Stepanus maot.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
© 2010-2019
Alkitab.SABDA.org

Android.SABDA.org
SABDA.mobi
Bantuan
Dual Panel

Laporan Masalah/Saran