Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 31 >> 

1(31-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (31-2) Abdi dongkap bade nyalindung, nun PANGERAN, bade nyuhunkeun ulah dugi ka eleh. Gusti teh Allah nu adil, mugi kersa nyalametkeun abdi.

2(31-3) Dangukeun! Enggal abdi tulungan! Sing kersa disalindungan, sing kersa dipuntangan. Salametkeun abdi.

3(31-4) Gusti teh benteng panyalindungan. Tuyun abdi, tungtun, sakumaha jangji Gusti.

4(31-5) Tebihkeun tina tataheunan musuh, tangtayungan tina pibahlaeun.

5(31-6) Abdi masrahkeun diri kana pangrawat Gusti. Gusti tangtos kersa nyalametkeun, Gusti teh Allah nu satia.

6(31-7) Gusti ijid ka nu nyembah ka brahala, ngan abdi mah percaya teh ka Gusti.

7(31-8) Tangtos abdi bingah, bagja ku kaasih Gusti Gusti tingali yen abdi teh sangsara, uninga yen abdi teh keur susah.

8(31-9) Gusti teu ngantep abdi beunang ku musuh, dibebaskeun, laluasa tiasa ka mana-mana.

9(31-10) Sing hawatos ka abdi nu kasesahan, nun PANGERAN, panon carindul balas ceurik awak parantos teu walakaya.

10(31-11) Tanaga koredas seep ku susah, umur jadi singget balas ceurik. Awak lungse dikurubut ku kasusah ka tulang-tulang jadi raropoh.

11(31-12) Ku musuh, malah ku tatangga pisan pada ngahina. Nu warawuheun ge jadi sarieuneun, mun pareng naringal abdi di pasampangan, mani geuwat ngararejat.

12(31-13) Ngaranggapna ka abdi cara ka nu geus maot, abdi pada mopohokeun kawas barang anu parantos dipiceun.

13(31-14) Kakuping musuh-musuh abdi tinggerendeng, di mana-mana mung pikasieun bae. Maranehna baroga karep jahat bade maehan abdi.

14(31-15) Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.

15(31-16) Abdi salamina aya dina panalingaan Gusti, luputkeun abdi ti musuh-musuh, ti jalma-jalma anu ngarudag.

16(31-17) Sing hawatos ka abdi Gusti, mugi kersa mikaasih, kersa nyalametkeun abdi.

17(31-18) Mugi abdi ulah diantep diera-era. Kitu panyambat abdi, nun PANGERAN. Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.

18(31-19) Sina baralem tukang-tukang bohong teh, nu sarombong, nu aradigung, purah ngahina jalma-jalma anu satemenna.

19(31-20) Estu araheng kasaean-kasaean Gusti, anu disayagikeun pikeun jalmi-jalmi anu alajrih ka Gusti! Sadayana ge tarerangeun kumaha saena Gusti teh, kumaha leres-leresna Gusti nangtayungan ka jalmi-jalmi anu maruntangan.

20(31-21) Maranehna aman disumputkeun dina aub-aub Gusti, aman tina pangarah jalma-jalma jahat, ku Gusti disingkurkeun, tebih tina panghina musuh-musuhna.

21(31-22) Puji PANGERAN! Estu aheng asih-Na ka kaula waktu kaula keur dikepung jeung ditarajang ku musuh.

22(31-23) Kaula geus sieun, sarta ceuk pikiran kaula teh geus diusir ti payuneuna-Na. Tapi geuning Mantenna kersaeun ngadangu waktu kaula nyambat pitulung-Na.

23(31-24) Sing nyaraah ka PANGERAN, he sakabeh umat nu saratia! PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu, tapi ngahukum ka nu arangkuh ku hukuman nu satimpal.

24(31-25) Sing teguh, sing parengkuh hate, he sakur nu ngaharep ka PANGERAN!



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel