1(36-1) Pikeun pamingpin biduan. Ti Daud abdi PANGERAN. (36-2) Dosa teh ngomong di jero hate jelema jahat. Hate jelema doraka teu weleh kaangsonan ku dosa, ka Allah teu sieun-sieun, Allah ku manehna ditoker.
2(36-3) Pangrasana dirina teh hebat, pamikirna dosana moal dihukum ku Allah, da Allah teu uningaeun.
3(36-4) Saucap-ucapna jahat, tipu malulu, tara pisan nyieun lampah hade jeung bijaksana.
4(36-5) Di enggon, bari ngedeng teh ngalamun kajahatan boro-boro nyieun kahadean, ngagugulukeun bae kadorakaan.
5(36-6) Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit, kasatiaan Gusti maratan mega.
6(36-7) Kaadilan Gusti lir gunung tanpa tutugan, adilna lir jerona jaladri. Manusa sareng margasatwa, ku Gusti diraksa diriksa.
7(36-8) Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya.
8(36-9) Abdi-abdi sugema ku seueurna tedaeun ti Gusti, sareng dipasihan nginum ti walungan asihing Gusti.
9(36-10) Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk, ku terangna cahaya Gusti, abdi bisa ningal caang.
10(36-11) Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti langgeng midamel kasaean ka jalmi anu balener.
11(36-12) Nu aradigung teh sina ulah narajang ka abdi, eta nu jarahat teh ulah diantep ngusir abdi.
12(36-13) Tuh, nu jarahat teh geus tinggolepak, tingjaloprak moal harudang deui.