1(39-1) Pikeun pamingpin biduan. Pikeun Yedutun. Jabur Daud. (39-2) Ceuk pikiran, "Aing arek ati-ati ngajaga lampah, jeung ngajaga letah sangkan ulah matak dosa, salila nu jarahat teh dareukeut, aing moal ngomong naon-naon."
2(39-3) Tuluy kaula bungkem, teu kecet-kecet, teu ngomongkeun nu hade-hade acan! Tapi bet asa tambah kasiksa,
3(39-4) jadi kakungkung ku rasa tagiwur. Beuki dipikiran, hate beuki susah, tungtungna sungut teh bedah,
4(39-5) "Nun PANGERAN, sakumaha deui hirup abdi teh? Iraha abdi kedah maot teh? Wartoskeun, kantun sakumaha deui umur abdi teh?"
5(39-6) Ku pondok Gusti nangtoskeun umur abdi teh! Keur Gusti mah jangka hirup abdi taya hartosna. Tetela hirup manusa mah mung sarenghap ambekan,
6(39-7) teu leuwih ti kalangkang. Pagaweanana kabeh mubadir, ngumpulkeun kakayaan, tapi teu terang engke keur saha.
7(39-8) Naon deui atuh arep-arepeun abdi, nun PANGERAN? Nya ka Gusti abdi ngaharep.
8(39-9) Luputkeun abdi tina sadaya dosa, sareng ulah diantep dilelece ku nu garejul.
9(39-10) Abdi rek ngabisu, moal kecet-kecet, da Gusti ku anjeun nu nyangsara kieu ka abdi teh.
10(39-11) Parantos atuh ngahukum teh! Abdi meh paeh ku panyiksa Gusti.
11(39-12) Ku karana dosana, jalmi ku Gusti dihukum, dihajar. Gusti ngahukum lir geget ngaruksak barang kanyaah anu gaduhna. Tetela hirup manusa mung sarenghap ambekan.
12(39-13) Dangu paneda abdi, nun PANGERAN, dangu jerit abdi, ari abdi ceurik teh sumpingan. Sami sareng sadaya karuhun, abdi oge numpang di Gusti mung sakedap.
13(39-14) Parantos, abdi kantunkeun, hoyong rada senang heula memeh teu aya sareng moal aya-aya deui.