1(52-1) Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan karangan Daud, (52-2) waktu Doeg, urang Edom, pupulih ka Saul yen Daud kungsi sumping ka Abimelek. (52-3) He jalma gagah, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan? Allah teh satia salalanggengna.
2(52-4) Maneh resep nyieun picilakaeun batur, letah seukeut kawas peso cukur, salawasna ngan ngareka-reka jalan keur nipu.
3(52-5) Maneh leuwih resep kana kajahatan manan kana kahadean, leuwih resep ngabohong manan ngomong bener.
4(52-6) Maneh resep nganyenyeri batur ku omongan, he tukang bohong!
5(52-7) Maneh pinasti lebur ku Allah salalawasna, ku Mantenna bakal dibedol ka luar ti jero imah, disingkahkeun ti dunya anu harirup.
6(52-8) Nenjo kajadian kitu, jalma balener jadi sarieuneun, tuluy nyaleungseurikeun ka maneh, sarta ngaromong kieu,
7(52-9) "Ieu jelema teh anu henteu muntang ka Allah, muntangna kana kabeungharanana. Ngusahakeun kaamananana ku nyieun kajahatan."
8(52-10) Ari kaula mah lir tangkal jetun nu jadi di gedong Allah, muntang kana satia asih-Na, teu kendat-kendat.
9(52-11) Abdi kacida tumarimana ka Gusti, nun Allah, narimakeun sagala pitulung Gusti. Kasaean Gusti bade diuarkeun ka umat Gusti.