Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 59 >> 

1(59-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur ti Daud, basa bumina dikepung ku Saul maksudna rek ditelasan. (59-2) Nun Allah, leupaskeun abdi ti musuh, salametkeun ti anu keur ngarah!

2(59-3) Luputkeun ti ieu para jahanam, jalmi-jalmi tukang maehan!

3(59-4) Maranehna keur ngadaragoan, bade maehan ka abdi, eta nu jarahat teh sakait ngarah abdi. Sanes ku margi abdi gaduh dosa atanapi kalepatan,

4(59-5) sanes ku margi abdi awon kalakuan pang maranehna paciweuh kitu.

5(59-6) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, enggal abdi tulungan. Tingalian ku Gusti, nun Allah Israil! Hukum eta jalmi-jalmi tuna Allah teh, nu harianat kitu tong dipikawelas.

6(59-7) Wengina maranehna daratang deui, ngaprak kota bari tingharereng cara anjing.

7(59-8) Dangukeun susumbarna, ucap-ucapanana matak raheut lir pedang, panyangkana moal aya nu ngadengeeun.

8(59-9) Nanging ku Gusti mah eta teh digumujengkeun, eta jalmi-jalmi tuna Allah teh ku Gusti dipoyok.

9(59-10) Abdi ngandel kana kakiatan Gusti, nya Gusti nu jadi panyalindungan abdi.

10(59-11) Allah anu nyaaheun ka kaula tangtu nyumpingan, kaula bakal disina nenjo musuh eleh.

11(59-12) Eta musuh teh ulah dipaehan, nun Allah, bilih bangsa abdi parohoeun. Paburencaykeun, elehkeun ku kakiatan Gusti, nun PANGERAN, panyalindungan abdi sadaya!

12(59-13) Ku margi sungutna jahat, biwirna doraka, mugi sing karingkus ku adigungna! Maranehna sok sasapa, sok nipu.

13(59-14) Mugi amuk ku amarah Gusti, sing tumpur lebur, sangkan karasaeun yen Allah teh murba di Israil, malah ngereh satangkaraking jagat.

14(59-15) Wengina maranehna daratang deui, ngaprak kota bari tingharereng cara anjing,

15(59-16) sapertos anjing ngaprak nareangan hakaneun, ari ngan manggih saeutik babaung.

16(59-17) Dupi abdi mah sumeja ngidungkeun karosaan Gusti, unggal isuk bade muji satia asih Gusti. Gusti parantos kersa jadi panyalindungan, sareng panyaluuhan waktos abdi keur rupek.

17(59-18) Abdi muji ka Gusti, nun Pangraksa abdi! Panyalindungan abdi teh Allah, Allah nu asih ka abdi.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 59 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel