Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 66 >> 

1Pikeun pamingpin biduan. Jabur. Lagu. Surak sing gerah, he umat kabeh, puji Allah!

2Sanggakeun pupujian, agungkeun jenengana-Na, baktikeun pamuji ka Mantenna!

3Unjukkeun ka Allah, "Padamelan Gusti kalintang ahengna. Kakawasaan Gusti teu kinten rosana, dugi ka musuh-musuh Gusti ngareluk sarieuneun.

4Satangkaraking jagat sami sumembah, ngaragungkeun ka Gusti, ngaragungkeun jenengan Gusti."

5Ka darieu, saksian dadamelan Allah, saksian kaahengan dadamelana-Na di manusa.

6Laut disalin rupa jadi daratan, bisa dipake leumpang ku karuhun urang, dipeuntasan. Padamelan Mantenna estu matak bungah.

7Mantenna nyangking parentah salalanggengna, sabab kawasa, soca-Na nitenan bangsa-bangsa. Pacuan aya nu wani baha.

8Puji Allah kami, he sakumna bangsa, sing kadenge mujina.

9Mantenna geus ngaraksa jiwa-jiwa kami. Kami kabeh teu diantep sina ragrag.

10Nun Allah, abdi-abdi ku Gusti parantos diuji, sapertos perak dibesot ku seuneu. Leres, ku Gusti parantos diuji.

11Ku Gusti diantep tigebrus kana burang, punduk dibugbrugan momotan.

12Ku Gusti diantep diidek-idek ku musuh, diantep ditempuh ku seuneu sareng ku caah. Nanging ayeuna parantos dicandak ka tempat anu aman.

13Abdi bade ka gedong Gusti nyanggakeun kurban beuleuman, kangge nekanan jangji ka Gusti.

14Bade ngabuktoskeun anu diikrarkeun kapungkur waktos keur nyorang tunggara.

15Bade ngahaturkeun domba, dibeuleum dina altar, ngurbankeun sapi jalu sareng embe, haseupna sina mumbul ka langit.

16Ka darieu reungeukeun, he sakur anu ajrih ka Allah, kaula rek nyaritakeun pitulung Mantenna ka kaula.

17Bareto kaula ngajerit menta tulung ka Mantenna, ayeuna kaula ngagungkeun ku pupujian.

18Lamun seug kaula henteu eling tina dosa, PANGERAN moal kersaeun ngadangu.

19Tapi Allah memang geus ngadangu ka kaula, panyambat kaula geus dimakbul.

20Sagala puji ka Allah, reh paneda kaula henteu ditolak sarta henteu ngowelkeun satia asih-Na ka kaula.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 66 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel