1Jabur Asap. Nun Allah, tanah Gusti diranjah ku bangsa pamuja brahala, Bait Gusti anu suci ku maranehna dinajiskeun, Yerusalem diubrak-abrik.
2Mayit-mayit umat Gusti, ku maranehna diparabkeun ka manuk nasar, layon para kawula Gusti teh jadi parab sato alas.
3Sakuliah Yerusalem banjir getih umat Gusti, getih lir cai ngocor, sareng mayit-mayit teu aya nu ngaruang.
4Ku bangsa-bangsa tatangga dipupuas, disaleungseurikeun dihina-hina.
5Nun PANGERAN, naha bade haben bae bendu, ngagegedur sapertos seuneu?
6Bendu teh mending ka bangsa-bangsa anu henteu ngabakti, ka anu tara neneda ka Gusti.
7Lantaran eta teh parantos maehan umat Gusti, ngaburak-barik lemah caina.
8Mugi abdi-abdi ulah dihukum ku karana dosa karuhun, mugi aya sih piwelas, abdi-abdi parantos putus harepan.
9Demi kahormatan Gusti ku manten, nun Allah, mugi-mugi abdi ditulung, salametkeun, mugi jait, sareng hapunten kalelepatan.
10Naon margina eta bangsa-bangsa diantep hahaok: "Cing mana Allah maneh teh?" Mugi maranehna dihukum, bales eta nu parantos ngocorkeun getih umat Gusti teh.
11Dangu haregungna nu dipanjara; kawasa Gusti nu rongkah, anggo ngaluputkeun sakur anu pasti bakal diparaehan.
12Bales eta bangsa-bangsa sejen teh tujuh kalieun, balikkeun panghina pamoyokna ka Gusti.
13Sangkan abdi-abdi, umat kagungan, domba-domba Gusti, tiasa muji sukur ka Gusti sapapaosna, turun-tumurun muji kamashuran Gusti.