Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 84 >> 

1(84-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Gitit. Jabur golongan Korah. (84-2) Abdi kalintang nyaahna ka Bait Gusti, nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa!

2(84-3) Kalintang hayangna cicing di dinya! Kalintang hayangna aya di Bait PANGERAN. Jiwa raga nyanyi gumbira ka kersa Allah anu jumeneng.

3(84-4) Cacakan manuk gareja nyarieun sayang, kapinis baroga enggon cicing, maliara anakna teh caket altar-altar Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Raja sareng Allah abdi.

4(84-5) Bagja temen jalma nu matuh di Bait Gusti, tiasa mumuji ka Gusti sapapaosna.

5(84-6) Bagja temen jalma anu kenging kakiatan ti Gusti, anu hatena kumejot hayang jarah ka Gunung Sion.

6(84-7) Waktos maranehna nyorang Lebak Baka anu garing, eta tempat teh ngajadi tempat cinyusu, seueur cai nu ngumplang, berkah turunna hujan munggaran.

7(84-8) Laleumpangna wuwuh segut, rek ngadeuheus ka Allah sakabeh ilah di Sion.

8(84-9) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, ieu abdi nunuhun, mugi dangukeun, nun Allahna Yakub!

9(84-10) Nun Allah, mugi raja abdi diberkahan, raja kenging Gusti milih.

10(84-11) Kangge abdi, mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat; di Bait Gusti mah kabagian nangtung di lawangna ge kajeun, tinimbang kudu sakumbuh jeung nu daroraka.

11(84-12) PANGERAN teh benteng jeung raja urang anu mulya, anu maparin kurnia jeung kamulyaan, anu tara nolak pamenta nu layak ti sakur jelema nu bener lampahna.

12(84-13) Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, bagja pisan jalmi anu manteng muntang ka Gusti!



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 84 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel