Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 96 >> 

1Sanggakeun ka PANGERAN, lagu pupujian anyar! Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, he sakuliah jagat!

2Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, puji Mantenna! Sebarkeun warta hade saban poe, yen Mantenna geus nyalametkeun urang.

3Caritakeun kaagungana-Na ka sakabeh bangsa, caritakeun karongkahan padamelana-Na ka sakabeh jalma.

4PANGERAN agung, wajib dijungjung luhur, wajib dihormat leuwih ti ilah-ilah.

5Ilah-ilah bangsa-bangsa batur ngan ukur arca, ari PANGERAN mah nu nyipta sakubeng langit.

6Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, Bait-Na dipinuhan ku kakawasaan jeung kaendahan.

7Puji PANGERAN, he umat sajagat, puji kaagungan jeung kapunjulana-Na.

8Puji kaagungan jenengan PANGERAN. Sanggakeun pangbakti, geura arasup ka Bait-Na.

9Tarungkul lamun Mantenna geus nembongan, sajagat kabeh sing ngadegdeg di payuneuna-Na.

10Wartakeun ka sakabeh bangsa, "PANGERAN teh Raja! Bumi geus maneuh, pageuh moal ongget-ongget; Allah baris ngahakiman bangsa-bangsa reujeung adil."

11He langit jeung bumi, masing saruka! He laut, katut mahluk-mahlukna, mangka jumegur!

12He tegal-tegal jeung saeusina, mangka barungah! He tatangkalan eusi leuweung, surak sing gerah!

13Masing saruka lamun PANGERAN sumping baris marentah ieu bumi. Mantenna baris ngatur manusa pangeusi dunya reujeung adil, lempeng jujur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 96 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel