Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Pengkhotbah 10 >> 

1Ku bangke laleur sahiji minyak seungit sabotol bau kabeh. Ku kagejulan anu teu pira, tarekah ti nu pangpinterna ge bisa gagal.

2Jalma pinter mah sagawe-gawena teh tangtu bener. Ari jalma gejul mah gagaweanana ge teu puguh. Geus lumrahna kitu,

3kagejulanana ku jalma saliwat ge bakal kanyahoan. Kaciri gejulna teh tina kalakuanana keneh.

4Ari diambek ku nu kawasa, ulah terus menta eureun digawe. Ku sabar mah kasalahan gede ge sok dihampura.

5Kami geus nyaksian hiji kateuadilan anu dilantarankeun ku para pangereh,

6jalma bodo dibere nyekel kakawasaan, ari jalma beunghar diluli-luli.

7Kami kungsi nenjo jalma-jalma beulian tarumpak kuda, ari pangagung laleumpang cara jalma beulian.

8Nyieun cubluk matak tigebrus, ngabongkar tembok matak digegel oray,

9digawe di pangalian batu matak kabentur, meulah kayu matak kagencet.

10Kampak mintul nu tara diasah, makena ge kudu sataker tanaga. Nu matak ge samemeh prak digawe kudu dipikiran heula carana.

11Taya gunana boga jampe ngalilindeuk oray ge ari geus kapiheulaan dipacok mah.

12Ucap-ucapan jelema lantip nungtun kana dihormat, ari biwir anu gejul mah matak nyilakakeun dirina sorangan,

13ari ngong ngomong ari ngaco, dina tungtungna gejulna nataku.

14Nu gejul mah sok ngeceblek. Taya jalma anu nyaho bakal aya kajadian naon engke, jeungna deui taya anu bisa ngabejaan bakal aya kajadian naon sanggeus urang paeh.

15Jalma anu bodona katotoloyoh nepi ka teu nyaho jalan ka imah, hirupna teh kalah ka cape.

16Cilaka nagara, lamun rajana budak kamari, lamun para pamingpinna sapeuting jeput ngan sukan-sukan.

17Bagja nagara, lamun rajana pageuh kana putusanana, lamun para pamingpinna dalaharna puguh dina waktuna, jeung daraek nyaleser diri sarta nyegah kana mabok.

18Jalma anu ku kedul-kedulna nepi ka sangeuk menerkeun kenteng-kenteng acan, imahna teh bocor bae, lila-lila ambrug pisan.

19Pesta matak gumbira, cianggur matak hegar. Tapi duanana ge ari teu ku duit mah moal kasorang.

20Ka raja mah ulah nyawad, najan ngan diharewoskeun ge ulah. Ka nu beunghar ulah nyempad najan di pangkeng sorangan ge, bisi kadenge ku cakcak, heug bae diucah-aceh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Pengkhotbah 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel