Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Pengkhotbah 11 >> 

1Pilukeun duit maneh kana usaha batur sina golang, tan wande mere untung.

2Pelak modal di sababaraha tempat, malah mun bisa mah melak modal teh sing loba, geusan ngajaga dina bancang pakewuh, anu datangna moal kanyahoan.

3Tangkal rubuhna teh nurutkeun ka mana condongna. Mega mendung ari geus ngagarayot mah cur bae jadi hujan.

4Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin jeung musim bae mah atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.

5Allah ngadamel sagala rupa, ku urang moal kaharti maksad-Na, cara urang hamo ngarti kumaha jabang bayi di jero kandungan bisa ngamimitian hirup.

6Arek pepelakan mah ceb, ceb bae rek isuk rek sore oge, da moal ngarti ieuh urang mah kumaha pijadieunana, naha baris alus kabeh, atawa nu mana nu bakal leuwih montok.

7Mutuh ku alus bisa ngararasakeun genahna beurang nu caang teh.

8Tarimakeun hirup urang teh sataun-sataunna. Tapi sing inget, najan sakumaha lilana waktu hirup di alam dunya, waktu di alam maot mah leuwih lila deui. Jadi taya gunana hayang nyaho ka mangsa engke.

9Barudak! Umur ngora teh rarasakeun niā€™matna. Sing galumbira meungpeung keur ngora. Tedunan sagala kahayang, ayunkeun kabeh karesep. Ngan kudu aringet, sagala kalakuan maraneh teh engke baris dipariksa ku Allah.

10Ulah ngukut kabingung, ulah miara kasusah, da moal ngora saumur-umur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Pengkhotbah 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel