1Kami nyaho di dunya teh aya kajadian anu kacida teu adilna.
2Aya jelema anu ku Allah dibeungharkeun, luhur harkatna loba bandana, sakur anu dipikahayang kabogaan. Ari heug bet henteu diparengkeun ngarasa ni’matna, kalah ka anu sejen anu metik ni’matna teh. Atuh beunghar ge cumah, tur henteu adil eta teh!
3Teu mustahil aya anu boga anak nepi ka saratus sarta umurna panjang. Tapi keur naon ari teu karasa genahna mah. Heug teh deui ana paeh dikuburna henteu sapantesna. Ceuk kami mah mending keneh orok udul.
4Sabab ari orok udul mah datangna mubadir, iangna teu kanyahoan, nya tuluyna mah dipopohokeun.
5Orok anu kitu memang teu kungsi-kungsi acan nenjo caangna beurang, teu kungsi nyaho hirup teh kumaha, tapi sahenteuna geus pinanggih jeung kareureuhan.
6Nya mending eta ti batan jelema nu tadi mah, anu hirupna teu kungsi meunang kani’matan, najan umurna upamana nepi ka dua rebu taun oge. Da tungtungna mah duanana oge sarua datangna teh ka tempat nu eta.
7Jelema digawe teh keur ngaulaan beuteung, kitu ge weleh teu ngarasa cukup.
8Naon atuh leuwihna nu binangkit ti anu gejul? Naon deui paedahna jelema miskin anu hade lampahna?
9Cumah bae, ibarat ngudag angin. Mana sing tarima ku nu geus aya, ulah hayang leuwih loba.
10Sagala rupa enggeus lila ditangtukeun diatur yen kudu kitu, sarta urang nyaho yen moal aya jalma anu bisa ngalawan ka nu leuwih kuat.
11Beuki ngalawan beuki mubadir, moal matak leuwih genah.
12Na saha atuh anu nyaho kumaha kuduna nu panghadena ari jelema, enggoning hirupna anu nya ngan sakeudeung nya mubadir teh, anu ukur ngolebat kawas kalangkang? Na saha anu nyaho ti ayeuna baris kumaha engke ari geus paeh?