Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ratapan 1 >> 

1Yerusalem, urut sakitu gegekna ayeuna jadi nunggelis! Bareto dihormat ku saalam dunya, ayeuna jadi saperti randa. Urut kota pangmulyana, ragrag jadi abid hina.

2Bati ceurik melas-melis sapeupeuting, pipi lantis ku cipanon. Urut sobat-sobatna taya anu datang ngabeberah anu ngahariji jeung manehna jadi ngahianat sarta jadi lawanna.

3Urang Yuda jaradi abid nu taya daya, dipaksa indit ti lemah cai, hirupna di nagri batur, teu boga tempat akuan, dilingkung ku musuh-musuh, taya jalan geusan ngejat.

4Geus taya nu indit ka Bait Allah, geus taya nu babakti dina poe-poe nu suci. Mojang-mojang panyanyina nalangsa, imam-imamna bati rumahuh. Di gapura-gapura taya jalma, Kota Sion diliputan kasedihan.

5Musuh-musuhna geus hasil, maranehna ngawasaan Sion. Dirina ku PANGERAN disina lara, lantaran loba dosana, anakna kabeh ditawan, diakut ka pangbuangan.

6Kamulyaan Yerusalem ngan kari urutna. Para pamingpinna kawas uncal nu geus lungse kalaparan, waktu kabur ti nu ngudag, tanagana geus meh musna.

7Sanggeus rubuh jeung sangsara, Yerusalem ingeteun ka jaman mulyana baheula. Sanggeus beunang ku musuhna, saurang taya nu bela. Malah rubuhna diseungseurikeun ku musuhna.

8Musna kahormatanana, taranjang pada ngahina. Bati sasambat bari nyumputkeun beungeutna lantaran era. Yerusalem geus ngotoran dirina ku dosa anu kacida rujitna.

9Najisna tetela pisan, tapi manehna geus teu tolih kana nasibna. Rubuhna parna kacida, tur taya nu sanggup ngupahan. Musuhna unggul, manehna mah bati sasambat ka PANGERAN menta dikarunyaan.

10Harta bandana beak diranjah ku musuh. Malah nepi ka kudu nenjo maranehna arasup ka Bait Allah, anu ku PANGERAN dilarang diasupan ku jalma nu lain umat-Na.

11Rahayatna rarumahuh nareangan dahareun, nalukeurkeun barangna kana kadaharan asal bisa hirup. Seug eta kota ngoceak, "Duh PANGERAN, tingali kabalangsakan abdi."

12"Tenjo ieu kuring," pokna lumengis ka sakur nu ngaliwat. "Moal aya nu meunang kanyeri saperti kuring kanyeri anu dikeunakeun ku PANGERAN, waktu keur bendu ka kuring.

13Mantenna ti luhur ninggangan ku seuneu hurung, ngaduruk tulang-tulang kuring. Ti hareup masang pitapak, nepi ka kuring tikusruk, lur dikantun, nandangan kanyeri teu eureun-eureun.

14Kabeh dosa-dosa kuring ku Mantenna diimeutan, dihijikeun terus dibeungkeut, tuluy digantungkeun dina beuheung kuring nepi ka kuring beak tanaga, kuring diserenkeun ka musuh, taya petana ngalawan.

15Pangeran ngagumujengkeun prajurit-prajurit kuring nu pangbedasna. Mantenna ngintunkeun balad musuh, sina ngabasmi nonoman-nonoman kuring, rahayat kuring ku Mantenna dileyek kawas anggur dina pameresan.

16Eta sababna cipanon kuring teu saat-saat. Batur teu bisa ngalilipur, taya nu bisa negerkeun hate. Kuring geus rubuh ku musuh, rahayat jadi muluntu.

17Kuring ngacungkeun leungeun menta dibantu, tapi euweuh nu daekeun. PANGERAN manggil musuh-musuh, sina nempuh ti ditu ti dieu. Kuring ku musuh dileyek kawas geugeuleuh.

18Tapi eta teh ku sabab PANGERAN adil, salah kuring, mungpang ka Mantenna. Dengekeun, eh rahayat di mana-mana, tenjo ieu kuring nandangan kanyeri, jajaka-jajaka jeung mojang-mojang kuring jaradi babandan.

19Menta tulung ka sobat-sobat tapi kabeh ararembungeun. Imam-imam jeung para pamingpin, paraeh di jalan-jalan kota sabot nareangan dahareun sangkan bisa hirup.

20Duh PANGERAN, tingali kasangsaraan abdi, tingali batin abdi nu nalangsa. Hate abdi ancur kaduhung ku dosa-dosa. Kaluar beunang ku jagal, di jero aya malakalmaot.

21Dangukeun panyambat abdi, da jalmi mah taya nu sanggup ngupahan. Nu bungah teh musuh, ningal abdi meunang musibat ti Gusti. Mugi buktoskeun waktos anu ku Gusti dijangji, musuh-musuh abdi sing sangsara, sapertos abdi ayeuna.

22Perhatoskeun sagala kajahatanana. Hukum maranehna, sakumaha Gusti ngahukum dosa abdi. Abdi humarurung nandangan sangsara, hate pinuh ku nalangsa."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ratapan 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel