Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Rut 4 >> 

1Boas geus angkat ka lawang kota, ka tempat gempungan, seug calik. Barang baraya landesna Elimelek anu dicarioskeun ka Rut tea datang, ku Boas disaur, "Calik saderek!" Nu dicalikkeun gek diuk.

2Geus kitu Boas ngahaturanan sapuluh urang sesepuh kota. Sanggeus aranjeunna caralik,

3pok Boas nyarios ka wargina tea, saurna, "Naomi, sadongkapna ti Moab teh aya maksad ngical tanah jenatna dulur urang ki Elimelek.

4Ku emutan teu aya nu langkung wajib ngagaleuh iwal ti saderek. Kersa bae atuh galeuh kalayan kasaksian ku sesepuh-sesepuh, teu kersa bae saurkeun. Eta mah teu bade ngalalangkungan saderek anu langkung hak kana eta tanah. Sim kuring mah nomer dua." Ari jawabna, "Sae, bade dipeser bae."

5Saur Boas, "Upami cios eta tanah digaleuhna ti Naomi, saratna saderek kedah nikah ka Rut randa urang Moab tea, supados tanah teh tetep kaetang ka kulawedetna anu parantos tilar dunya."

6Ari jawabna, "Upami kitu sualna, hak sim kuring meser eta tanah mangga bae nyerenkeun, da moal tiasa kawariskeun ka barudak. Mangga bae galeuh, sim kuring mah moal."

7Adat harita di dinya, pikeun tanda ngajadikeun jujualan atawa tutukeuran teh anu ngalepas barangna kudu mikeun tarumpahna ka pihak anu narimana. Kitu adat di Israil enggoning ngajadikeun hiji perkara.

8Harita oge, sanggeus eta jelema nyebut, "Mangga galeuh," teh sot ngalesotkeun tarumpahna, dibikeun ka Boas.

9Ti dinya Boas sasauran payuneun sesepuh-sesepuh jeung lian-lianna deui di dinya, saurna, "Kalayan kasaksian ku sesepuh-sesepuh, dinten ieu sim kuring tarima meser ti Naomi, kakayaan milikna Elimelek, Kilyon sareng Mahlon.

10Kalayan sarat kedah mihukum randana Mahlon anu ngaran Rut, urang Moab, sangkan eta kakayaan teh tetep jadi milikna kulawarga anu parantos tilar dunya. Ongkoh ku jalan kitu teh tatali babarayaanana tiasa tetep nganteng di tengah-tengah bangsana sareng di bali geusanna ngajadi. Dinten ieu, Bapa-bapa sadaya jadi saksina."

11Saur sesepuh-sesepuh jeung lian-lianna, "Nyaksian! Sareng mugi-mugi eta istri anu bade dipigarwa teh ku PANGERAN di kersakeun tiasa sapertos Rahel sareng Lea, anu ngalantarankeun Yakub seueur putrana. Mugia anjeun sing sugih mukti di kaom Eprata, sing kasohor di Betlehem.

12Mugia putra-putra anjeun paparin PANGERAN engke ti eta istri anom ngalantarankeun kulawargi anjeun jadi sapertos kulawargi Peres putra Yuda sareng Tamar."

13Boas geus nyandak Rut ka bumina, jadi istrina. Rut diberkahan ku PANGERAN, ngandung sarta terus ngowokeun putra pameget.

14Awewe-awewe ngaromong ka Naomi, "Sagala puji ka PANGERAN! Poe ieu Mantenna maparin incu ka anjeun. Mugi eta murangkalih sing jadi kamashur di Israil!

15Minantu teh sakitu nyaaheunana ka anjeun, parantos masihan anu langkung ti batan anu tiasa dibikeun ku tujuh putra pameget. Heug deui ayeuna masihan hiji incu pameget, anu bakal ngagedekeun manah anjeun sarta bakal ngaluginakeun anjeun engke ari parantos sepuh."

16Top murangkalih teh ku Naomi di candak terus ditangkeup, sarta terus digetenan.

17Ku awewe-awewe tatangga murangkalih teh dijenenganana Obed. Ceuk maranehna, "Naomi geus kagungan putra pameget!" Obed teh ramana Isai, ari Isai ramana Daud.

18(4:18-22) Garis turunan ti Peres ka Daud nya eta: Peres, Hesron, Ram, Aminadab, Nahson, Salmon, Boas, Obed, Isai, Daud.

19(4:18)

20(4:18)

21(4:18)

22(4:18)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Rut 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel