Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Titus 2 >> 

1Ari hidep mah ngajar teh sing cocog jeung asas pangajaran anu bener.

2Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.

3Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,

4ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,

5kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

6Barudak ngora papatahan yen kudu ngawasaan diri.

7Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh,

8kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.

9Anu kumawula papatahan yen kudu ngesto ka dunungan, sing matak pikaresepeun juraganana dina sagala perkara, mun diomongan ulah nyental,

10ulah ceceremed, sing kaciri hade watek jeung satia, sagala peta sing matak jadi puji kana piwulang hal Allah Jurusalamet urang.

11Sabab Allah teh geus nurunkeun nugraha-Na kersa nyalametkeun sakabeh manusa.

12Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,

13ngadago Poe berkah anu ku urang dicileuk, anu ngebrehkeun kamulyaan Allah urang anu agung jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus.

14Anjeunna geus ngurbankeun salira-Na pipaedaheun urang, supaya urang bisa disalametkeun tina sagala kajahatan, jadi umat suci kagungana-Na ku anjeun, umat anu rajin ngalampahkeun kahadean.

15Pek eta kabeh ajarkeun ku hidep. Ari ngajar, boh dina ngawawadian, boh dina ngaweweleh, kudu aya wibawa, ulah beunang dihahangu ku nu ngadengekeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Titus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel