Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 7 >> 

1"Maraneh ku PANGERAN Allah maraneh geus tangtu dicandak sarta diancikkeun di ditu. Bangsa-bangsa urang ditu loba anu bakal diusir ku PANGERAN. Di mana maraneh geus mimiti maju, aya tujuh bangsa anu bakal diusir ti dinya ku Mantenna, leuwih gede jeung leuwih kuat ti batan maraneh, nya eta bangsa Het, bangsa Girgas, bangsa Emor, bangsa Kanaan, bangsa Pares, bangsa Hiwi, jeung bangsa Yebus.

2Lamun eta bangsa-bangsa ku PANGERAN Allah maraneh geus diserenkeun ka maraneh sarta geus areleh, paehan kabeh, ulah aya anu dipikarunya, komo diajak babarengan mah ulah.

3Pacuan maraneh kawin ka bangsa eta. Anak maraneh oge henteu meunang,

4sabab tangtu bakal dibawa mungkir ti PANGERAN tuluy ngabarakti ka allah-allah sejen. Upama nepi ka kitu, PANGERAN tangtu bendu ka maraneh, sarta bakal gancang nyiksa.

5Ku sabab kitu, altar-altar maranehna ku maraneh kudu dibasmi, pilar-pilar batu karamatna raremukkeun, arca-arca Dewi Asera sesembahanana cacag, brahala-brahalana duruk.

6Kudu kitu, sabab maraneh teh umat kagungan PANGERAN Allah maraneh. Ti sakabeh bangsa saalam dunya, maraneh teh ku Mantenna diunculkeun, dijadikeun umat-Na ku manten.

7Tapi maraneh dipikaasih jeung diunculkeun ku PANGERAN teh lain ku sabab leuwih loba bilangan ti batan batur, malah maraneh teh bangsa anu pangleutikna di saalam dunya.

8Saenyana mah lantaran PANGERAN nyaaheun ka maraneh, jeung seja nohonan jangji-Na anu diikrarkeun ka karuhun maraneh. Kitu sababna Mantenna, ku kakawasaana-Na anu digjaya, geus ngajait maraneh tina jadi budak raja Mesir.

9Mana kanyahokeun, PANGERAN Allah maraneh teh estu Allah, tur sipat welas, tigin kana jangji-Na, sarta mikaheman nepi ka sarebu turunan ka sakur anu ngesto sarta gumati kana timbalana-Na.

10Sabalikna Mantenna moal asa-asa ngabales ka sakur anu mikageuleuh ka Mantenna.

11Mana ti ayeuna, sagala piwuruk anu geus katarima ku maraneh, boh anu enggeus-enggeus, boh papakon-papakon anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, kudu diarestokeun."

12"Lamun maraneh suhud ngestokeun ieu papakon-papakon, PANGERAN Allah maraneh bakal ngabuktikeun jangji-Na, sarta bakal mikanyaah salalanggengna, sakumaha anu ku Mantenna diikrarkeun ka karuhun maraneh.

13Mantenna bakal maparin berkah, sarta maraneh bakal reuay anak nepi ka bilangan maraneh beuki ngalobaan. Bakal cukup dahareun, gandum, anggur, minyak jetun, lantaran tanah maraneh bakal disina cukul. Bakal baroga sapi, baroga domba, paparin ti Mantenna. Eta sagala berkah bakal dipaparinkeun ka maraneh, di tanah anu ku Mantenna geus dijangjikeun ka karuhun pikeun maraneh.

14Di saalam dunya taya deui bangsa anu sakitu diberkahanana kawas maraneh. Boh jelema boh ingon-ingon di maraneh moal aya anu gabug.

15Maraneh ku PANGERAN bakal dijauhkeun tina sagala panyakit, jeung moal dikeunaan sasalad anu bareto katarenjo ku maraneh tumerap ka Mesir. Bangsa kasakit kitu ku Mantenna bakal dikeunakeun ka musuh-musuh maraneh.

16Sakur bangsa anu ku PANGERAN geus diserenkeun ka leungeun maraneh, basmi, ulah aya anu dipikarunya. Maraneh ulah nyarembah ka aallahanana, sabab lampah kitu teh bisa matak cilaka ka maraneh.

17Eta bangsa-bangsa anu jumlahna leuwih loba ti batan maraneh teh ulah dipikir, ulah dirasa hamo bisa diusir.

18Ulah dipikasieun. Sing aringet, dikumahakeun bareto raja Mesir jeung rahayatna ku PANGERAN Allah maraneh.

19Sing aringet, maraneh nyaho sorangan PANGERAN Allah maraneh bareto nurunkeun balahi-balahi sakitu bangetna, ngayakeun mujijat-mujijat anu araheng, metakeun pangawasa jeung kaperkosaan anu taya bandinganana, dianggo jalan ngajait maraneh ti Mesir. Eta bangsa-bangsa anu dipikasieun ku maraneh oge bakal dibasmi ku jalan kitu keneh.

20Malah bakal disina geugeumeueun ku PANGERAN, jeung najan kalabur atawa nyarumput ge mo burung tumpur dibasmi.

21Nu matak teu kudu sarieun ku eta jalma-jalma teh. PANGERAN Allah maraneh bakal nyarengan ka maraneh. Mantenna teh Allah anu punjul liwat saking, matak pikasieuneun sarerea.

22Mun maraneh enggeus ka daritu, eta bangsa-bangsa teh ku PANGERAN bakal ditungtut disalingkirkeun. Ku maraneh ulah disakalikeun ngabasmina, sabab bakal ngabalukarkeun daratangna sato galak, matak nyusahkeun ka maraneh keneh.

23Eta musuh-musuh teh ku PANGERAN bakal diserenkeun ka maraneh, disina tagayur garugup, nepi ka bisa dibasmi ku maraneh.

24Raja-rajana oge bakal diserenkeun, paehan bae kabeh, sina ulah aya anu nginget-nginget deui. Moal aya anu bisa nyegah ka maraneh, kabeh oge ku maraneh bakal kabasmi.

25Arca-arcana durukan. Jeung ulah kabita ku emas perak anu dipake ngahias eta arca-arca, komo nepi ka terus dipiboga mah ulah! Sabab lamun kitu maraneh bahla! Sabab PANGERAN mikageuleuh ka brahala-brahala.

26Pacuan, ulah pisan aya arca anu ku maraneh dibawa ka imah. Lamun nepi ka kitu maraneh oge bakal disapa cara eta. Nistakeun eta brahala-brahala teh, pikagiruk, sabab kabeh ge eta teh geus disapa ku PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel