Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 48 >> 

1(48:1-7) Wewengkon beulah kaler, ti semet Laut Tengah ka wetankeun mapay ka Hetlon, ka jalan anu ka Hamat, ka Hasar Enon, nepi ka wates antara karajaan Damsik jeung karajaan Hamat, ti semet wates wetan terus ngulon nepi ka Laut Tengah, marele ti kaler nepi ka kidul pikeun kaom-kaom Dan, Aser, Naptali, Menase, Epraim, Rubin, jeung Yuda, masing-masing sabagian.

2(48:1)

3(48:1)

4(48:1)

5(48:1)

6(48:1)

7(48:1)

8Bagian anu ngarendeng jeung wewengkon eta kudu dijieun bagian anu istimewa. Ti kaler nepi ka kidul, kitu deui ti wetan nepi ka kulon, rubakna dua welas satengah kilometer, sarua jeung rubakna wewengkon-wewengkon anu dibikeun ka kaom-kaom tea. Eta wewengkon pikeun gedong Bait Allah.

9Di puseur ieu wewengkon kudu aya hiji petak anu ngawungkul, anu kudu dibaktikeun ka PANGERAN, ukuranana dua belas satengah kali sapuluh kilometer.

10Dina eta petakan suci aya bagian pikeun para imam, manjang ti wetan ka kulon dua belas satengah kilometer, ti kaler nepi ka kidul lima kilometer. Ari gedong Bait Allah ayana kudu di puseur ieu petakan.

11Eta petakan suci pikeun para imam turunan Sadok, lantaran maranehanana mah saratia kumawulana ka Kami, teu kabawakeun goreng ku urang Israil cara jalma-jalma kaom Lewi sejenna.

12Anu matak maranehna mah dibere anu istimewa, petakanana adek kana petakan urang Lewi, tur jadi bagian anu pangsucina ti nu sejen-sejen.

13Urang Lewi oge dibere bagian anu ngawungkul, kiduleun petakan para imam, anu ukuranana sarua jeung eta, ti wetan ka kulon dua belas satengah kilometer, ti kaler ka kidul lima kilometer.

14Petakan anu dibaktikeun ka PANGERAN teh tanah anu panghade-hadena ti sakuliah tanah, teu meunang dijual saeutik-eutik acan, pon kitu teu meunang ditukeurkeun atawa pindah tangan, sabab eta teh suci kagungan PANGERAN.

15Tina eta petakan istimewa aya anu kari, panjangna dua belas satengah kilometer, rubakna dua satengah kilometer. Eta mah kaayaanana jamak bae, henteu suci, pakeeun umum, meunang dipake jeung dicicingan ku jalma rea. Ari keur pikotaeun kudu di puseur petakan suci,

16bangunna kudu masagi, ukuran unggal sisina masing-masing dua rebu dua ratus lima puluh meter,

17sakurilingna kudu diputeran ku rarambu anu ngoblog rubakna saratus dua puluh lima meter.

18Lamun kotana geus dijieun, aya keneh lolongkrang anu nyesa lempengan petakan suci beulah kidul. Ti beulah wetan panjangna lima kilometer rubakna dua satengah kilometer. Ti beulah kulon panjangna lima kilometer rubakna dua satengah kilometer. Eta pikeun tanah pertanian jalma-jalma anu caricing di eta kota.

19Anu caricing di eta kota, saha bae, ti kaom mana bae, meunang ngolah eta tanah.

20Jadi legana petakan puseur anu kudu dibaktikeun teh pasagi, anu ukuran tiap sisina masing-masing dua belas satengah kilometer, kaasup petakan anu dipake ku kota tea.

21(48:21-22) Wewengkon-wewengkon wetaneun jeung kuloneun petakan anu diadegan Bait Allah, nya eta tanah imam, tanah urang Lewi, jeung tanah kota. Sakarina ti eta tanah, milik pangereh, nu ngujur ka wetan ngembatna nepi ka wates beulah wetan, nu ngujur ngulon ngembatna nepi ka Laut Tengah. Ari ti kaler ka wates ka wewengkon Yuda, ti kidul ka wates ku wewengkon Binyamin.

22(48:21)

23(48:23-27) Ari kaom-kaom anu tadi tacan kasebut, masing-masing kudu meunang sabagian. Tanahna kiduleun wewengkon suci, ngujur ti wates wetan nepi ka kulon ka Laut Tengah. Dibagikeunana marele ti kaler ka kidul ka kaom-kaom Binyamin, Simeon, Isaskar, Sebulun, jeung Gad.

24(48:23)

25(48:23)

26(48:23)

27(48:23)

28Tanah anu dibikeun ka kaom Gad, beulah kidul watesna ngujur ngidul-ngulon ti semet Tamar nepi ka Cinyusu Meriba di Kades, ti dinya ngaler-ngulon turut-turut wates tanah Mesir nepi ka Laut Tengah.

29"Kudu kitu tanah teh dibagi-bagikeunana ka kaom-kaom Israil keur pamilikeunana masing-masing," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

30(48:30-34) Ari kota Yerusalem lawangna kudu dua belas. Unggal kutana, anu panjangna masing-masing dua rebu dua ratus lima puluh meter, dina opat pongpokna masing-masing lawangna tilu sarta dingaranan ku ngaran kaom-kaom. Lawang-lawang dina kuta pongpok kaler ngaranna Gapura Rubin, Gapura Yuda, jeung Gapura Lewi. Lawang-lawang dina kuta pongpok wetan ngaranna Gapura Yusup, Gapura Binyamin, jeung Gapura Dan. Lawang-lawang dina kuta pongpok kidul ngaranna Gapura Simeon, Gapura Isaskar, jeung Gapura Sebulun. Lawang-lawang dina kuta pongpok kulon ngaranna Gapura Gad, Gapura Aser, jeung Gapura Naptali.

31(48:30)

32(48:30)

33(48:30)

34(48:30)

35Panjangna kuta kabeh salapan rebu meter. Pingaraneun eta kota, ti ayeuna kudu disebut: "PANGERAN-AYA-DI-DINYA!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 48 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel