Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 5 >> 

1PANGERAN nimbalan, "Eh anak manusa, cokot pedang anu seukeut. Cukur janggot jeung buuk maneh ku eta nepi ka beak. Buukna timbang dina taraju, tuluy jieun tilu gunduk.

2Nu sagunduk duruk di jero kota anu geus henteu dikepung deui. Sagunduk deui cacag ku eta pedang sakurilingna. Anu sapertilu deui awurkeun sina kabawa ku angin sarta baris diberik ku pedang Kami.

3Sesakeun buuk teh, tungkus dina kelin baju.

4Tuluy cokot saeutik ti dinya, purulukkeun kana seuneu nepi ka beak. Seuneuna bakal mancawura ka sakumna bangsa Israil."

5PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Awaskeun, Yerusalem teh ku Kami dipernahkeunana di puseur dunya, dikuriling ku nagri-nagri.

6Tapi Yerusalem ngalawan kana parentah-parentah Kami, leuwih jahat ti batan bangsa-bangsa sejen, leuwih bahula ti batan nagri-nagri sakurilingna. Parentah-parentah Kami ditolak, papakon-papakon ti Kami teu dilakonan.

7Ku sabab eta eh Yerusalem, dengekeun ieu sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Ku lantaran maneh teu nurut kana papakon-papakon ti Kami, henteu ngalakonan parentah-parentah Kami, maneh leuwih-leuwih nya ngajengkelkeun alah batan ti bangsa-bangsa anu sakuriling maneh. Maneh kalah ka muja kana adat kabiasaan bangsa-bangsa batur.

8Ku sabab kitu Kami, PANGERAN Nu Maha Agung ngucapkeun kieu: Kami ngamusuh ka maneh. Maneh bakal disiksa tur kasaksian ku bangsa-bangsa sejen.

9Ku Kami moal teu disiksa, lantaran maneh geus nyieun kalakuan pikangewaeun Kami, eh Yerusalem! Acan kungsi Kami nyiksa nepi ka kitu, tur ka hareupna moal deui-deui nyiksa nepi ka kitu.

10Ku banget-bangetna eta siksaan, di Yerusalem teh indung jeung bapa nepi ka tega ngahakan anak, anak oge nepi ka ngahakan indung bapa. Nepi ka kitu bangetna siksaan ti Kami. Ari sakarina anu harirup keneh, ku Kami arek diawurkeun ka mana mendi.

11Demi Kami teh Allah anu jumeneng — kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung — ku lantaran maneh nganajiskeun Bait Kami ku sagala kajahatan jeung ku rupa-rupa kalakuan anu pikaijideun, tanpa ampun maneh ku Kami baris diancurkeun.

12Sapertilu jalma-jalma maneh bakal paraeh ku panyakit jeung ku kalaparan di jero kota; sapertiluna deui bakal dibabadan ku pedang di luareun kota, sapertiluna deui rek dibacacarkeun ka sagala jurusan sarta diudag ku pedang.

13Maneh bakal ngarasa hebatna Kami ngamuk ngabudalkeun amarah nepi ka hate Kami puas. Lamun geus kitu, tangtu maraneh yakin yen Kami, PANGERAN ngandika kieu teh lantaran geus teu kuat ku kateusatiaan maneh.

14Tiap jalma ti bangsa-bangsa sakurilingeun maneh, ana ngaliwat ka maneh bakal maroyok jeung ngajarauhan.

15Waktu maneh keur diamuk ku amarah Kami sarta dihukum, sakabeh bangsa di sakurilingeun maneh bakal katarajang sieun, saterusna bakal moyok jeung mikaijid ka maneh.

16Bekel maneh ku Kami bakal dikoredaskeun, nepi ka maneh langlayeuseun. Bakal karasa ku maneh kumaha nyerina kalaparan, saibarat katiir ku jamparing seukeut, matak tiwas.

17Anak-anak maneh bakal paraeh kalaparan jeung ku sato galak. Kami bakal ngadatangkeun panyakit-panyakit, katelengesan, jeung perang, pikeun maehan maneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel