Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 22 >> 

1Ieu pangandika perkara Lebak Tetenjoan. Aya naon pangeusi kota eak-eakan di unggal loteng?

2Rame sakuliah kota, ear anu suka-suka. Dina ieu perang, prajurit-prajurit aranjeun paehna lain ku sabab kasambut jurit.

3Pamingpin-pamingpin aranjeun lalumpatan, memeh bisa mentangkeun gondewa geus kacarerek.

4Kaula tinggalkeun, rek nyeungceurikan dulur sabangsa anu geus tariwas. Kuring moal beunang diupahan.

5Waktu ieu di Lebak Tetenjoan keur tagiwur, baringung jeung baluweng. Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, memang geus ngersakeun kitu ka urang. Kuta-kuta geus rarebah. Nu marenta tulung tingjarerit, kadenge ka pasir-pasir.

6Balad Elam daratang tarumpak kuda, marawa gondewa jeung jamparing. Prajurit Kir geus siap tameng.

7Lebak-lebak tanah Yuda anu lendo, pinuh ku kareta-kareta perang, serdadu musuh geus taki-taki dina kudana hareupeun gapura Yerusalem.

8Pertahanan Yuda amburadul. Dina mangsa eta aranjeun ngunjalan pakarang ti gudang pakarang.

9(22:9-10) Aranjeun manggihan tempat-tempat di Yerusalem anu kutana omeaneun. Aranjeun mariksa ka unggal imah di Yerusalem, sawareh dirubuh-rubuhkeun, diarah batuna keur ngomean kuta. Pikeun sadiaan cai,

10(22:9)

11aranjeun nyieun kulah di jero kota, cai ti sumber nu heubeul dikocorkeun ka dinya. Tapi aranjeun teu malire ka Pangeran anu geus lila ngararancang eta sakabeh perkara, jeung anu ngalantarankeun eta kajadian.

12Aranjeun geus diingetan ku Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, yen kudu careurik, kudu prihatin, kudu ngagarundulan sirah, kudu dibaraju karung.

13Aranjeun malah sareuri, sukan-sukan, mareuncit domba jeung sapi, dagingna didalahar, ngarinum anggur. Ceuk aranjeun, "Urang nyatu nginum sakarep-karep, isukan mah urang paraeh."

14Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan kieu ka kaula, "Dosa maraneh kitu teh saumur-umur ge moal dihampura. Kitu timbalan Kami, Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

15PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan ka kaula, miwarang nepungan Sibna kapala karaton, dipiwarang ngomong kieu:

16"Ari anjeun pangrasa teh jadi naon? Hak ti mana anjeun natah cadas nu di lamping pasir keur kuburan sorangan?

17Bisa jadi anjeun jelema penting, tapi ku PANGERAN bakal diranggeum tuluy dialungkeun.

18Bakal dialungkeun cara bola ka hiji nagri anu leuwih gede. Bakal paeh di ditu, gigireun kareta-kareta perang anu ku anjeun sok dipiagul tea. Anjeun teh matak aeb ka kulawarga dunungan.

19Ku PANGERAN bakal dipocot tina jabatan, digejretkeun tina pangkat luhur."

20Timbalan PANGERAN ka Sibna, "Dina mangsa eta Kami rek ngutus abdi Kami Elyakim bin Hiskia.

21Jubah kapangkatan maneh jeung beulitanana rek dipakekeun ka manehna. Kakawasaan anu eukeur dicekel ku maneh rek dipindahkeun ka manehna. Manehna bakal dipibapa ku urang Yerusalem jeung urang Yuda.

22Rek dibere kawasa anu gembleng sahandapeun raja turunan Daud. Konci-konci karaton sina dicangking ku manehna. Nu geus muka ku manehna moal aya anu nutupkeun. Nu geus nutup ku manehna moal aya anu mukakeun.

23Kalungguhanana bakal kukuh kawas paku nu geus jero nancebna, tur mawa unggah darajat kulawargana.

24Tapi eta teh bakal dibeungbeuratan ku dulur-dulur jeung baraya-barayana, diparuntangan cara paku paranti ngait-ngaitkeun panci jeung sajabana.

25Lamun hal eta geus kajadian, eta paku anu nancebna pageuh teh bakal coplok tuluy murag. Sakur anu ngarait ka dinya marilu ragrag." Kitu pangandika PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel