Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 37 >> 

1Barang Raja Hiskia ngadangu laporanana, anjeunna nyosoeh anggoanana tuluy diganti ku karung. Ti dinya angkat ka Bait PANGERAN.

2Elyakim mantri karaton, Sebna panitera karaton, jeung sawatara imam sepuh, ku anjeunna dipiwarang ka Nabi Yesaya putra Amos. Aranjeunna ge dibaraju karung.

3Pesen anu kudu diunjukkeun ka Yesaya kieu, "Dinten ieu urang kenging tunggara, keur dihukum, kedah nandang kahinaan. Urang teh ibarat awewe bade ngajuru henteu tiasa brol margi tanaga kacida lemahna.

4Raja Asur parantos ngintun pajabatna ngahina ka Allah anu jumeneng. Mugia PANGERAN Allah anjeun ngadangu eta panghina sareng ngahukum jalmina. Mugia rahayat anu harirup keneh dipangnedakeun ka Allah."

5Sanggeus eta pesen raja katampi ku Yesaya,

6anjeunna ngawaler, "Timbalan PANGERAN, Raja ulah rejag ku panggebrag urang Asur anu susumbar yen PANGERAN moal iasaeun nulung.

7Eta raja ku PANGERAN bakal ditagiwurkeun nepi ka mulang ka nagrina, sarta di nagrina bakal aya nu maehan."

8Pajabat utusan tea geus nyahoeun yen rajana geus indit ti Lakis, keur merangan kota Libna anu deukeut ka dinya, tuluy disusul.

9Geus kitu aya beja ka urang Asur yen balad Mesir anu dikapalaan ku Raja Tirhaka ti Sudan keur maju rek narajang ka maranehna. Sanggeus raja Asur ngadangu eta beja, seug ngirim surat ka Raja Hiskia,

10raja nagri Yuda, eusina: "Allah andelan maneh geus ngabejaan ka maneh, cenah maneh moal ragrag kana leungeun kami. Ulah percaya.

11Maneh geus ngadenge naon anu dilampahkeun ku raja Asur, ka nagri mana bae anu geus ditangtukeun kudu diancurkeun. Dikira maneh bakal luput?

12Karuhun kami geus ngancurkeun kota-kota Gasan, Haran, Resep, jeung numpes urang Bet-Eden anu di Telasar. Dewa-dewana hiji ge euweuh anu bisaeun nulung.

13Mana raja urang Hamat, raja urang Arpad, raja urang Separwaim, raja urang Hena, jeung raja urang Iwa?"

14Eta surat ku Raja Hiskia dicandak ti nu nganteurkeun tuluy diaos. Ti dinya anjeunna angkat ka Bait Allah, surat teh diteundeun di payuneun PANGERAN.

15Tuluy anjeunna sasambat kieu,

16"Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, anu linggih dina tahta luhureun mukarabin! Mung Gusti anu jumeneng Allah, anu ngasta karajaan-karajaan di sajagat. Gusti ngadegkeun bumi sareng langit.

17Nun PANGERAN, dangukeun panyambat abdi sadaya. Tingali kaayaan anu ngancam ka abdi sadaya. Dangukeun susumbarna Sanherib anu ngahina ka Gusti, Allah anu jumeneng.

18Leres nun PANGERAN, abdi terang yen seueur pisan bangsa anu parantos diancurkeun ku raja-raja Asur, nagri-nagrina jadi suwung,

19brahala-brahalana didurukan, kawantos eta brahala-brahala teh sanes Allah, mung titironan tina kayu tina batu, jijieunan leungeun jalmi.

20Nun PANGERAN Allah abdi sadaya, leupaskeun abdi sadaya ti urang Asur, supados bangsa-bangsa sajagat tarerangeun yen mung Gusti anu jumeneng Allah."

21Yesaya ngintun amanat ka Raja Hiskia, yen waleran kana panyambat anjeunna teh

22timbalan PANGERAN kieu, "Eh Sanherib, saenyana maneh teh diseungseurikeun ku kota Yerusalem, dihampas.

23Dikira ku maneh saha eta anu digogoreng jeung dihina-hina teh? Maneh cempelak ka Kami, Allah Israil nu suci!

24Maneh ngirim badega sina susumbar ka Kami, magar maneh jeung pasukan-pasukan kareta geus bisa ngelehkeun pagunungan Libanon nu pangluhurna. Maneh gumede pedah geus bisa ngagempur tangkal-tangkal kiputri anu pangjangkungna jeung kijamuju nu pangalusna. Nyombong geus bisa ngacak-ngacak leuweung anu pangjerona.

25Nyombong geus nyieun sumur-sumur di nagri-nagri batur, sarta Walungan Nil ku serdadu-serdadu maneh geus diidek nepi ka garing.

26Karah can meunang beja yen eta sagala perkara teh geus meunang Kami ngatur ti baheula? Ayeuna eta geus laksana, ku Kami eta teh! Maneh ku Kami dibere kawasa ngaburak-barik kota-kota benteng sina ajur lebur.

27Jalma-jalmana taya nu bisa naon-naon, ngararompod, kelenger, kawas jukut di tegalan atawa anu jadi di suhunan kahebos ku angin panas.

28Tapi sagala hal diri maneh, gawe naon, indit ka mana, Kami uninga. Kami uninga maneh teh keur ngamuk, ngalawan ka Kami.

29Kami geus meunang laporan yen maneh ngamuk, yen maneh sakitu kumalungkungna. Ayeuna irung maneh rek dikaluhan, biwir maneh rek diterapan kadali, rek ditarik dibawa ka jalan urut maneh datang."

30Geus kitu saur Yesaya pikeun Raja Hiskia, "Sagala rupi anu pijadieun teh ieu tandana: Taun ieu sareng taun payun, tedaeun teh mung sisikian anu jaradi sorangan. Nanging taun payunna tiasa pepelakan deui dugi ka dipanen, kitu deui anggur.

31Anu araya di Yuda, anu nyesa, bakal cara pepelakan, akaran, akarna jero, hirupna mulus dugi ka baruahan.

32Tangtos bakal aya anu saralamet di Yerusalem sareng di Gunung Sion, margi eta kajadian teh parantos kitu dikersakeunana ku PANGERAN Nu Maha Kawasa.

33Perkawis raja Asur kieu timbalan PANGERAN: ‘Eta raja moal bisaeun asup ka ieu kota, moal bisaeun mentangkeun jamparing hiji-hiji acan. Serdadu-serdaduna anu marake tameng teh moal aya anu bisaeun ngadeukeutan kota, jeung moal aya anu nyieun gugunungan pikeun ngepung.

34Eta raja moal kungsi asup, kaburu malik ka jalan urutna datang. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

35Demi kamulyaan Kami, jeung ku sabab Kami geus jangji ka abdi Kami Daud, kota teh ku Kami bakal dijaga.’"

36Aya hiji malaikat PANGERAN narajang ka pasanggrahan urang Asur, maehan 185.000 serdadu. Isukna isuk-isuk kasampak geus ngajaloprak paraeh.

37Raja Asur geus undur, balik ka Ninewe.

38Barang dina hiji poe, sabada muja ka Dewa Nisroh pupujaanana di jero kuil, anjeunna dipaehan ku pedang, ku dua putrana, Adramelek jeung Sareser, anu terus kalabur ka tanah Ararat. Esarhadon, putrana nu saurang deui ngaganti jadi raja.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 37 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel