Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 16 >> 

1Kami ngabejakeun hal ieu teh supaya maraneh ulah nepi ka murtad.

2Sabab maraneh bakal disingkirkeun ti imah-imah ibadah urang Yahudi, malah engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.

3Bakal dikitu-kitu maraneh ku jalma-jalma, lantaran maranehna teu nyarahoeun ka Rama, teu nyarahoeun ka Kami.

4Lamun jalma-jalma ka maraneh geus kitu, maraneh sing aringet yen ku Kami geus dibejaan ti ayeuna keneh tina sual eta." "Hal ieu teu dibejakeun ti bareto soteh lantaran Kami aya di maraneh keneh.

5Ayeuna Kami rek indit ka Anu ngutus, ku maraneh teu ditanyakeun arek ka mana.

6Ayeuna ku Kami geus dibejaan, hate maraneh naralangsa.

7Saenyana Kami indit teh bakal leuwih mangpa’at pikeun maraneh, sabab lamun Kami teu indit, Panulung teh moal sumping. Sabalikna lamun Kami indit engke bakal ngajurungkeun Anjeunna ka maraneh.

8Lamun geus sumping, Anjeunna bakal ngabuktikeun ka nu di dunya tina hal naon dosa maranehna, tina hal naon nu bener, jeung tina hal hukuman ti Allah.

9Tina hal dosana, lantaran maranehna henteu palercayaeun ka Kami;

10tina hal nu bener, lantaran bener Kami indit teh ka Rama sarta ku maraneh moal katenjo deui;

11tina hal hukuman ti Allah, lantaran nu nyangking kawasa di dunya teh geus nyandang hukuman.

12Picaritaeun Kami loba keneh tapi maraneh moal sanggup narimana ayeuna mah.

13Tapi engke, lamun Roh tea geus sumping, maraneh bakal ditungtun sangkan nyaraho kana sagala hal anu saestu, sabab Anjeunna bakal nganyatakeun hal Allah anu saestu-estuna. Anu bakal disaurkeun ku Anjeunna lain pilahir-Na ku anjeun; anu bakal disaurkeuna-Na teh hal-hal anu geus kadangu ku Anjeunna bae, sarta maraneh ku Anjeunna bakal dibere nyaho naon-naon anu baris kajadian engke.

14Anjeunna bakal ngagungkeun ka Kami, sabab nya Anjeunna anu bakal nepikeun pilahir-pilahir Kami ka maraneh.

15Sagala kagungan Rama, jadi milik Kami ongkoh. Nu matak ceuk Kami bieu, sagala hal anu ditepikeun ku Roh ka maraneh asalna ti Kami."

16"Kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui."

17Murid-murid aya anu silih tanya, "Naon maksudna? Saur-Na: ‘Ngan kari sakeudeung deui urang narenjo Anjeunna teh,’ tapi saur-Na keneh: ‘Sakeudeung deui oge bakal narenjo deui.’ Jeung saur-Na: ‘Sabab Kami rek mulang ka Rama.’

18Naon hartina ‘sakeudeung deui teh’? Teu ngarti urang mah Anjeunna nyaurkeun naon."

19Yesus uningaeun yen maranehna harayang nanya, tuluy Anjeunna nyarios, saur-Na, "Ceuk Kami bieu, ‘Ngan kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.’ Eta anu disualkeun ku maraneh teh?

20Satemenna ceuk Kami: Maraneh bakal ceurik jeung prihatin, tapi dunya mah bakal suka. Maraneh bakal nalangsa, tapi kanalangsaan maraneh bakal robah jadi kagumbiraan.

21Awewe nu rek ngajuru tangtu susah hatena lantaran tereh nandangan kanyeri, tapi barang geus ngajuru sagala kanyerina moal dirasa, kasilep ku rasa bagja dumeh orokna geus lahir ka dunya.

22Nya kitu maraneh oge: Ayeuna sarusah hate. Tapi Kami tangtu datang deui ka maraneh, sarta maraneh bakal ngarasa bagja, rasa bagja moal beunang disisilihan.

23Dina mangsa eta maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya, naon bae pamenta maraneh ka Rama anu dipenta bari mawa ngaran Kami, ku Rama tangtu dikabul.

24Nepi ka ayeuna maraneh can barangpenta naon-naon mawa ngaran Kami. Pek marenta, tangtu bakal narima, sangkan kasenangan hate maraneh sampurna."

25"Bareto Kami ngawuruk ka maraneh teh sok ku ibarat bae. Engke mah kaayaan Rama teh rek ditetelakeun sajentrena, moal ku ibarat deui.

26Engke mah maraneh kudu barangpenta ka Rama teh nyebut ngaran Kami, jadi teu kudu dipangmentakeun deui ku Kami,

27sabab Rama ku manten mikanyaah ka maraneh, lantaran maraneh nyaraah jeung palercaya yen Kami asal ti Allah.

28Saestuna, Kami teh ti Rama, datang ka dunya, sarta ayeuna rek ninggalkeun ieu dunya, mulang deui ka Rama."

29Pihatur murid-murid, "Ayeuna Gusti ngalahir teh parantos sageblasna, henteu ku ibarat deui.

30Abdi-abdi nembe terang yen Gusti uninga kana sagala rupi. Gusti teu perlu ku jalmi anu nyual, sareng ku margi kitu abdi-abdi percanten, Gusti teh asal ti Allah."

31Waler Yesus, "Percaya maraneh ayeuna?

32Mangka nyaraho, tereh datang mangsana, malah eta mangsa teh geus datang, maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, Kami pada naringgalkeun. Tapi sanajan kitu ge Kami moal nyorangan, sabab aya Rama anu nyarengan.

33Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yohanes 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel