Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 2 >> 

1Geus kitu Yosua ngutus mata-mata duaan ti pakemahan di Sitim, sina ngintip nalungtik kaayaan tanah Kanaan, pangpangna kota Yeriho. Sadatangna ka dinya, mata-mata teh mareuting di imah hiji awewe palacuran ngaran Rahab.

2Raja Yeriho geus meunang beja yen peuting eta aya mata-mata urang Israil asup arek nalungtik kaayaan nagarana,

3seug ngirim parentah ka Rahab, "Jelema anu duaan anu mareuting di maneh, eta teh mata-mata anu rek nalungtik kaayaan nagara. Bijilkeun!"

4(2:4-6) Ari jawabna, "Leres aya sababaraha urang anu dongkap ka rorompok, nanging teu terang ti mana. Tadi oge sareupna memeh tutup lawang kota parantos marios deui. Duka bade teras ka marana, teu terang. Nanging upami enggal-enggal diudag mah tangtos kasusul." (Padahal eta dua mata-mata teh ku Rahab disumputkeun di para imahna dirimbunan ku haramay anu memang diteundeun di dinya.)

5(2:4)

6(2:4)

7Ponggawa-ponggawa raja tuluy kalaluar ti jero kota, geus kitu lawang kotana ditutup. Mata-mata Israil tea terus disaksrak jauh pisan nepi ka tempat pameuntasan Walungan Yordan.

8Memeh mata-mata tea marondok, ku Rahab ditepungan heula ka luhur.

9Ceuk Rahab ka maranehna, "Kuring geus boga rasa ieu tanah geus diserenkeun ka aranjeun ku PANGERAN. Urang dieu kabeh ge gimir ka aranjeun.

10Kabeh geus ngadarenge beja hal PANGERAN nyaatkeun Laut Beureum basa aranjeun budal ti Mesir. Ngadarenge oge bejana basa aranjeun niwaskeun Raja Sihon jeung Raja Og, dua raja bangsa Emor di wetaneun Walungan Yordan.

11Barang ngeng beja ge kacida galimireunana. Ngadarenge hal aranjeun teh terus bae leungit wawanen. PANGERAN Allah aranjeun teh nya Allahna sawarga jeung Allahna bumi.

12(2:12-13) Kuring miharep aranjeun kersa sumpah demi asma-Na, yen aranjeun baris nyieun kahadean ka kulawarga kuring, kawas anu dilampahkeun ku kuring ka aranjeun. Mugi jangji yen indung bapa kuring, dulur-dulur katut sakumna kulawarga kuring ku aranjeun moal dipaehan, tapi diauban. Kanggo eta mugia dipaparin tanda anu tiasa dipercanten."

13(2:12)

14Walon nu duaan, "Saupama kuring jalir omong, masing dila’nat ku Allah! Asal ieu pagawean kuring ku Nyai teu diucah-aceh ka sasaha, kuring jangji, upama ieu tanah ku PANGERAN geus diselehkeun ka bangsa kuring, Nyai baris ditarima hade-hade."

15Imah Rahab tea nempel kana tembok kota, anu matak jelema anu duaan teh ku Rahab dikaluarkeunana diulur ku tambang tina jandela.

16Ceuk Rahab, "Nyarumput heula di gunung tilu poe mah, bisi katohyan ku ponggawa-ponggawa raja. Upama itu geus baralik kakara aranjeun terus."

17Walon nu duaan, "Jangji kuring anu dipenta ku Nyai tea moal cidra.

18Nyai kudu kieu. Saupama bangsa kuring geus nempuh ka dieu, ieu tali beureum ku Nyai kudu dibeungkeutkeun dina jandela urut Nyai ngulur kuring. Bapa, indung, dulur-dulur jeung kulawarga bapa Nyai sina karumpul di imah Nyai.

19Sing saha anu kaluar ti dinya tur nepi ka tiwas, eta mah salahna sorangan, lain urusan kuring. Sabalikna anu araya di imah Nyai, upama aya nu meunang cilaka, eta urusan kuring.

20Kitu deui lamun pagawean kuring tea ku Nyai diucah-aceh, jangji kuring anu dipenta ku Nyai tea cupar."

21Rahab akur, sarta nu duaan teh dijurung laku. Sanggeus maranehna arindit, pita beureum tea ku Rahab dibeungkeutkeun kana jandela.

22Mata-mata tea arindit ka gunung rek nyarumput. Tilu poe diteanganana ku ponggawa-ponggawa raja, diubek ka sakuliahna, tapi weleh teu kapanggih. Ponggawa-ponggawa tea marulang ka Yeriho.

23Ti dinya mata-mata teh tarurun ti gunung tuluy meuntasan Walungan Yordan, marulang ka Yosua. Sagala pangalamanana dicaritakeun ka anjeunna

24sarta aromongna, "Eta nagara teh segemblengna parantos diserenkeun ka urang ku PANGERAN. Pohara sarieuneunana urang ditu ku urang teh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel