Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 1 >> 

1Ti Paulus, rasulna Isa Al Masih, — numutkeun pangersa Allah, Juru Salamet urang jeung Isa Al Masih, sumber pangharepan urang —

2Dumateng Timoteus, anak teges bapa dina iman. Muga-muga hidep ginuluran rahmat, welas asih, sarta karahayuan ti Allah — Rama — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

3Kahayang bapa mah hidep teh kudu aya di Epesus, sakumaha pamenta bapa basa keur arek ka Makedoni tea. Ari sababna, di ditu teh aya anu nyebar-nyebar pangajaran mahiwal. Perlu ku hidep dieureunkeun.

4Teges-tegeskeun ka maranehna, geura leungitkeun kituh eta dongeng-dongeng nataan berendelan ngaran karuhun-karuhun anu sakitu panjangna teh; lantaran ngan ngondang pacekcokan wungkul, lain nungtun kana katartiban hirup anu ti Allah, anu kudu dibeunangkeun ku iman.

5Bapa menta kieu teh seja ngahudang deui kanyaah anu bijil ti ati nu wening, kaluar tina pikiran nu mencrang, jeung tina iman anu iklas.

6Geus loba anu naringgalkeun sipat kieu teh, kalah ka ngaradu omong anu teu uni.

7Boro bae hararayang jadi guru Toret, ari heug kana omongan sorangan ge teu ngarti sarta kana sual nu dipadukeun teu nyaho.

8Memang urang nyaho, Toret teh hade, asal dipake jeung samistina.

9Papadaning kitu, kudu diingetkeun: Hukum Toret teh dijieunna lain keur jelema anu harade, tapi keur anu rerempak, keur penjahat, keur nu kupur jeung doraka, keur nu teu raresep kana nu suci atawa sual kabatinan, keur anu ngabinasa indung bapa, keur nu maehan,

10keur tukang rucah jeung jinah, keur anu bangkawarah, keur culik, keur tukang ngajualan jelema, keur tukang bohong, keur saksi palsu, jeung saterusna deui, nya eta anu papalingpang jeung ajaran anu bener.

11Ari ajaran anu bener teh dasarna mah, nya eta Injil nu nyaritakeun ka-Agungan jeung ka-Mulyaan Allah, nu dipercayakeun ka bapa sarta ku bapa keur diwawarkeun.

12Bapa muji sukur ka Isa Al Masih, Juru Salamet urang, anu geus maparin kakuatan ka bapa. Muji sukur, reh ku Anjeunna dipercanten ngemban ieu papancen.

13Padahal bapa teh, bareto mah, sakitu moyokna, ngahina, jeung nganiaya ka Anjeunna. Tapi Allah, anggur mikawelas ka bapa; ma'lum ku sabab bapa, bareto mah, teu percaya; jadi, teu nyaho yen kalakuan kitu teh salah.

14Ku Allah, nu maha welas, bapa teh digunturan sih kurnia, iman, jeung kanyaah tina sumberna pisan, nya eta Isa Al Masih.

15Picatur anu nyebutkeun yen: “Isa Al Masih sumping ka dunya pikeun nyalametkeun nu daroraka” teh, tetela benerna; bukti beunang dipercaya. Ti antara anu daroraka, nya bapa anu pangdoraka-dorakana.

16Tapi malah nya ku sabab eta pisan, Allah miwelas-Na ka bapa teh. Isa Al Masih, ka bapa, geus mintonkeun kasabaran anu luar biasa; nepi ka ieu pangalaman bapa teh, dijadikeun conto ka sakabeh anu palercaya ka Anjeunna sapandeurieun bapa, nya eta anu pada ngarep-ngarep geusan meunangkeun hirup anu langgeng.

17Kahormatan jeung kaagungan, kasanggakeun sapapaosna ka payuneun Raja nu langgeng, nu teu keuna ku binasa, jeung maha gaib, nya eta Allah Anu Tunggal! Amin.

18Timoteus, anaking! Tugas anu ku bapa dipercayakeun ka hidep teh, sajalan jeung hiji nubuwat anu bareto diucapkeun ka hidep ngeunaan tugas hidep kiwari.

19Puhit eta ucapan ti nubuwat teh ku sanubari hidep anu murni, supaya kuat iman kapercayaan hidep ngalakonan utamaning jurit. Aya sawatara jalma anu ngabarandel, nepi ka leungit iman kapercayaanana;

20upamana bae Himenius jeung Aleksander. Maranehna ku bapa mah geus diserenkeun ka setan, sina maranehna teh karapok ngahinakeun Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Timotius 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Timotius 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel