Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 4 >> 

1Ku sabab eta, dulur-dulur, — nu jadi kanyaah reujeung katineung; nu jadi makuta jeung puseur kabungahan simkuring — sing pengkuh ka Gusti.

2Ka Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, simkuring mere pepeling: Sing sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti!

3Ka saderek Sunsugos, ki sobat anu bumela, simkuring meredih: Muga ieu dua wanita teh dibantu. Maranehna geus enya- enya ngabantu ka simkuring ngamashurkeun Injil, — bareng jeung saderek Klemen katut batur-batur simkuring lianna — anu ngaran-ngaranna geus kacatetkeun dina Kitab Kahirupan.

4Dulur-dulur, sing ngarasa bagja salilana dina kamanunggalan jeung Gusti! Sakali deui, cek simkuring: Sing ngarasa bagja!

5Kasarehan aranjeun ge, keun sina katembong ku unggal jelema. Gusti Jungjunan urang teh tereh sumping.

6Ulah aya kasalempang di aranjeun mah. Sagala anu jadi pangabutuh aranjeun, unjukkeun bae ka Allah ku paneda dibarung ku muji sukur.

7Dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih, tangtu sih kurnia-Na, — anu moal kahontal ku akal — baris nengtremkeun jiwa aranjeun.

8Cindekna, dulur-dulur, kudu bisa milih-milih: Mana nu bener, nu mulya, nu adil, nu suci, nu picontoeun sarta kaajen, anu hade tur pujieun.

9Jalankeun sagala piwuruk katut conto-conto ti simkuring, boh anu mangrupa nasehat, boh nu mangrupa kalakuan. Upama kitu, Allah nu jadi tangkaling karahayuan, tangtu nyarengan ka aranjeun.

10Simkuring pohara asa bagjana, da ayeuna mah geus karasa gedena katineung aranjeun ka simkuring teh. Memang, ti beh ditu keneh oge, geus gede kamelang dulur-dulur ka simkuring teh; ngan nya kitu, bareto mah, aranjeun acan aya kasempetan pikeun ngabuktikeunana.

11Tapi simkuring nyarita kieu teh, lain pedah bareto ngarasa kakurangan; da simkuring mah, hirup teh, geus biasa cukup ku saaya-aya.

12Simkuring mah, geus teu bireuk deui kana ngalaman kekerehet atawa lubak-libuk teh.

13Hirup nu kumaha bae oge, simkuring mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh lantaran dikuatkeun ku Anjeunna.

14Papadaning kitu, hade oge eta pangdeudeul ti dulur-dulur teh; eta hartina, yen aranjeun teh geus milu nyorang lara balangsakna simkuring.

15Aranjeun, saderek-saderek di Pilipi, tangtu aringet keneh basa simkuring miang ti Makedoni rek mimiti ngawawarkeun Injil tea; kapan anu pohara bumelana ka simkuring teh ngan aranjeun. Hiji-hijina jamaah anu daek sapapait samamanis enggoning ngabayuan keur kahirupan simkuring.

16Sabab ti keur di Tesalonika keneh oge, dulur-dulur teh nepi ka dua kali ngiriman, mantu-mantu pangabutuh simkuring.

17Saenyana, teu pisan-pisan simkuring malar pamere ti dulur-dulur. Ari nu dipalar teh, mugi eta kahadean aranjeun sing ngadatangkeun pahla pikeun kajembaran hirup aranjeun.

18Sakabeh pangabutuh simkuring, ayeuna mah, ku dulur-dulur geus dicumponan, malah leuwih ti kitu. Turug-turug ku kiriman aranjeun anu ditepikeun ku Epaproditus, simkuring nepi ka lubak-libuk. Eta pitulung aranjeun teh, di payuneun Allah, tangtu mangrupa hiji kurban anu seungit, kamanah, tur matak kayungyun.

19Allah anu ku simkuring disembah baris nyumponan sakabeh pangabutuh dulur-dulur, numutkeun kasugihana-Na karana kamulyaan dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih.

20Sagala puji ka sanggakeun ka Allah anu jadi Rama urang, sapapaosna. Amin.

21Pangnepikeun salam simkuring ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur anu babarengan jeung simkuring ge, ngahaturkeun salam ka aranjeun.

22Kitu deui umat Al Masih sejenna, pangpangna anu darines di karaton sang prabu.

23Sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka dulur-dulur sadaya.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Filipi 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Filipi 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel