Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 1 >> 

1Ti Paulus, — anu jadina rasul lain ku lantaran diangkat ku pada jalma, oge lain nurutkeun karep manusa, tapi lantaran ditimbalan ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang jeung ku Allah, Rama, anu parantos ngagugahkeun Isa ti alam kubur —

2sarta ti sakabeh dulur saiman anu di darieu, ngahaturkeun salam ka sakabeh dulur saiman di Galata.

3Mugi aranjeun sing marendak sih kurnia katut berkahna ti Allah, Rama; kitu deui, ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang,

4anu geus ngorbankeun salira-Na tina sabab dosa urang, malar urang bisa bebas tina ieu pajamanan anu jahat, saluyu jeung pangersa Allah anu jumeneng Rama.

5Ku kituna, urang teh wajib ngagungkeun Allah sapapaosna! Amin.

6Teu sangka! Geuning babari pisan aranjeun teh mungkir ti Allah, — anu geus ngangken ka aranjeun ku sih piwelas-Na Al Masih — tuluy maruhit kana injil anu sejen.

7Padahal sidik, yen teu aya deui Injil sejenna. Aya soteh sawatara jelema anu rek nyasabkeun aranjeun ku jalan ngarobah Injil Al Masih.

8Sing saha anu ngawawarkeun injil nu mencog tina Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring, sok sanajan simkuring sorangan, atawa malaikat ti sawarga pisan, sing ulah jamuga.

9Bareto aranjeun geus diomat-omatan, ayeuna perlu diingetan deui: Sing saha anu ngaliarkeun injil anu mencog tina Injil wawaran simkuring, sing keuna ku la'nat jelemana.

10Naha simkuring teh rek leuwih ngutamakeun karep manusa ti batan pangersa Allah? Naha rek nyiar pangajen ti manusa? Kitu peta mah, atuh, lain ge abdining Al Masih!

11Tengetkeun, dulur-dulur! Injil anu diwawarkeun ku simkuring teh lain beunang ngarang jelema.

12Simkuring narimana lain ti jelema, terangna oge lain beunang guguru ti jelema. Estu, Isa Al Masih ku anjeun anu nerangkeunana ka simkuring.

13Aranjeun ge tangtu geus teu bireuk deui, simkuring teh, tadina mah kapan nyekel agama Yahudi. Tangtu tarerang, kumaha katelengesan simkuring enggoning nganiaya pikeun ngabasmi jamaah Allah.

14Basa nyekel keneh agama Yahudi, — di antara babaturan sabangsa anu sapantar — dina elmu agama, simkuring teh pang nyongcolangna tur pang kukuhna kana adat tali paranti karuhun.

15Tapi sihoreng, ti keur dikakandung keneh ku indung, simkuring teh ku Allah nu sipat murah geus dipilih geusan dijadikeun abdi-Na.

16Mantenna kersa ngawanohkeun Putra-Na ka simkuring, supaya ku simkuring saterusna diwanohkeun deui ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Harita, simkuring sama sakali teu menta nasehat ti pada jalma;

17rasul-rasul anu saheulaeun oge, nu araya di Yerusalem, teu kungsi ditepungan-tepungan acan. Ti dinya simkuring kencling bae indit ka tanah Arab, tuluy ka Damsik.

18Sanggeus meunang tilu taun, kencling deui ka Yerusalem pikeun manggihan anu jenengan Petrus, hayang meunang laratan. Lima belas poe simkuring nganjrek di anjeunna.

19Jeung rasul-rasul sejenna mah, iwal ti Yakobus, — saderek-Na Isa, Gusti Jungjunan urang — teu kungsi papanggih.

20Ieu nu dicaritakeun teh, lain jijieunan. Allah ku Manten Saksina!

21Ti Yerusalem, simkuring, laju deui ka daerah basisir di tanah Siria jeung Kilikia.

22Sedengkeun jeung anggota-anggota jamaah di Yudea mah, simkuring teh teu kungsi wawawuhan heula.

23Aranjeunna ukur ngadenge bejana bae, yen si tukang-nganiaya-jamaah teh, ayeuna mah geus malik ngawawarkeun kapercayaan anu tadina ku manehna rek dibasmi tea.

24Aranjeunna maruji sukur ka Allah tina sabab simkuring geus dikersakeun babalik pikir.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Galatia 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel