Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 1 >> 

1Baheula, Allah sering ngandika nganggo rupa-rupa cara ka karuhun urang, ditepikeunana ku nabi-nabi.

2Kiwari, — dina jaman ahir — ngandika-Na ka urang teh, ku perantaraan Putra-Na anu geus diserenan sakabeh perkara. Langit jeung bumi oge, dijadikeunana teh, nya ku Putra-Na.

3Nya Anjeunna nu jadi cahaya kamulyaan Allah, nu ngalap kana salira Allah ku manten. Nya Anjeunna anu murba ka saniskara ku Pangawasa Pangandikana. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosa, Anjeunna munggah deui ka sawarga, linggih di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.

4Allah ngajungjung Putra-Na leuwih luhur batan paramalaikat; hal eta, tetela tina gelaran-gelarana-Na anu aragung.

5Taya hiji malaikat oge, an u geus didawuhan kieu ku Allah cara Anjeunna: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami kiwari.” Taya hiji malaikat anu kenging dawuhan cara Anjeunna: “Nya Kami pi-Ramaeunana, ari Anjeunna nya Putra Kami.”

6Nalika eta Putra Cikal teh diutus ka dunya, Allah ngandika kieu: “Malaikat-malaikat Allah, kabeh wajib ngabakti ka Anjeunna.”

7Ari hal malaikat-malaikat mah didawuhkeuna-Na teh kieu: “Malaikat-malaikat ku Mantenna dijadikeun gelebugna angin ribut, abdi-abdi-Na dijadikeun gedurna seuneu.”

8Ngeunaan Putra-Na: “Singgasana Gusti, nun Pangeran, sapapaosna moal oyag moal gedag. Gusti ngereh Karajaan kalawan adilna.

9Gusti miasih ka nu satuhu, cua kana kajahatan. Eta margina, nu mawi ku Allah, Panutan Gusti diserenan kawasa nyangking kamulyaan, punjul ti anu sanes-sanesna.”

10Aya deui, kieu: “Kawitna, nun Gusti, Gusti ngajadikeun langit jeung bumi, dipidamel ku panangan ku anjeun.

11Eta sadayana bakal sirna, nanging Gusti mah tetep jumeneng. Sadayana baris bobo sapertos anggoan,

12ku Gusti baris ditilepan sapertos nilepan lawon, baris digentos jeg ngagentos anggoan. Dupi Gusti mah hamo barobah, hamo aya heubeul-Na.”

13Ka paramalaikat mah, Allah teu kantos ngadawuh kieu: “Hiap, hidep diuk katuhueun Kami, Kami baris ngagusuran musuh-musuh hidep, sina ngajaloprak dina suku hidep.”

14Ana kitu, naon atuh ari paramalaikat? Taya lian, eta mah kabeh oge bangsa roh purah ngalalayanan; nu diutus ku Allah purah ngadeudeul manusa anu rek dipaparin kasalametan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel