Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 8 >> 

1Eusi ieu pedaran, nya eta: Urang boga Imam Agung, anu lenggah tengeneun singgasana Nu Maha Agung di sawarga.

2Nyepengna pancen di Kamar Pangsucina, sajatining Kemah Suci kenging Pangeran ku anjeun ngawangun, lain beunang manusa.

3Sakumaha mistina, Imam Agung teh nyepeng papancen nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung korban; Imam Agung urang oge kudu ngajalankeun sarupaning korban.

4Keur jumeneng-Na di dunya mah, Anjeunna teu jeneng Imam; sabab geus aya imam-imam anu kapapancenan nyanggakeun kurban anu ditangtukeun ku Toret.

5Tapi eta mah ukur cangkang jeung kalangkang ti nu di sawarga, sakumaha anu ku Allah ditimbalkeun ka Musa nalika dipiwarang ngadamel Kemah Suci tea. Timbalana-Na: “Kemah teh dijieunna kudu make conto ti Kami, sakumaha anu geus ditembongkeun ka maneh basa di luhur gunung tea.”

6Pancen kaimaman Isa mah leuwih mulya ti pancen imam-imam sejen. Sabab Anjeunna mah, Wawakiling tina Perjangjian anu leuwih mulya deui, anu eusina oge hiji jangji anu pangagungna.

7Upama perjangjian anu ti heula taya kakuranganana mah, perjangjian kadua teh moal aya.

8Pangeran memang geus ngiberan kieu ka umat-Na: “Bakal datang mangsana, Kami rek nyieun hiji perjangjian anyar, pikeun bani Israil jeung bani Yuda.

9Eusina beda ti nu diikrarkeun ka karuhun-karuhunna, basa maranehna ku Kami ditungtun budal ti Mesir. Ku sabab maranehna ngalaleupaskeun maneh tina jangji Kami, ku Kami teu dipalire deui.” Kitu, timbalan Allah teh.

10“Kieu perjangjian anyar ti Kami ka bani Israil sanggeus eta: Papakon Kami dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna. Jeung Kami baris jadi Allah nu disembah ku maranehanana, ari maranehna nya umat Kami.

11Ka hareupna maranehna geus teu kudu dialajar ku parawarga, atawa ku pada dulur dititah: ‘Geura wawuh ka Allah!’ Sabab kabeh gede leutik, moal teu wawuh ka Kami

12Sagala salahna ku Kami dihampura. Sagala dosana ku Kami dipupus tina ingetan.”

13Ku sabab Mantenna geus ngikrarkeun jangji nu anyar, jangji anu ti heula teh resmi ku Mantenna dianggap batal. Sagala anu heubeul jeung batal, sakeudeung deui ge baris euweuh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 8):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel