Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 11 >> 

1Ti dinya, simkuring dibere hiji tumbakan, jiga iteuk. Tuluy simkuring dipiwarang kieu: “Geura ukur Bait Suci katut mezbahna; terus itung jelema anu keur ngajalankeun ibadah di dinya.

2Buruan luarna kudu diiwalkeun, ulah diukur; sabab geus diserenkeun ka anu teu nyarembah ka Allah, anu bakal ngidek-ngidek Kota Suci, opat puluh dua bulan lilana.

3Kami baris ngutus dua saksi Kami, sina ngembarkeun pangandika bari marake karung, sarebu dua ratus genep puluh poe lilana.”

4Eta dua saksi teh, — nya eta dua tangkal jetun jeung dua obor anu pernahna di payuneun Gustining sabumi alam tea —

5sungutna, bisa ngabijilkeun seuneu pikeun ngahuru ka anu niat jail ka dirina. Ku sabab eta, sing saha bae anu jahat ka eta dua saksi, geus tangtu paeh kaduruk.

6Maranehna barisaeun meundeutan langit, supaya salila maranehna ngajalankeun kawajiban ulah turun hujan. Maranehna oge barisaeun ngarobah cai jadi getih atawa ngagebug bumi ku rupa-rupa musibat, iraha bae niatna.

7Sanggeus kawajibanana rengse, maranehna baris tarung jeung Sato anu bijil tina gorowong bumi sarta baris kasoran nepi ka tiwas duanana.

8Mayitna baris ngajaloprak di jalan raya, dihiji nagara gede, nya eta nagara anu geus nyalibkeun Gusti Jungjunan maranehna. Ngaran samaran eta nagara: Sadumu atawa Mesir.

9Mayit dua saksi teh didareugdeug ku jalma-jalma, — ti saban nagara, saban bangsa nu basana rupa-rupa, seler-seler bangsa — lilana tilu satengah poe; eta mayitna teh, ku eta jelema-jelema, henteu meunang dimakamkeun.

10Ku sabab duanana geus paraeh, jalma sadunya aratoh, pararesta bari silih kiriman kagegelan; sabab eta dua nabi teh, pikeun maranehna mah, ngajadi hiji siksaan.

11Sanggeus meunang tilu poe satengah, ku kersaning Allah, napasna eta dua saksi teh, arasup deui kana kurungan, terus hararudang deui. Nu narenjo eta kajadian teh, nepi sarieuneun.

12Geus kitu, aya anu ngagentraan ti sawarga: “Hiap unggah!” Tuluy duanana arunggah ka sawarga dina hiji mega, dipalencrong ku musuh-musuhna.

13Der, harita keneh aya lini gede teu kira-kira, nepi ka saperpuluh eta nagara ancur sarta anu paraeh nepi ka tujuh rebu urang. Anu harirup keneh pada katarajang baluas kabina-bina, seug masing-masing ngaku kana kaagungan Allah nu di sawarga.

14Balai anu kadua geus liwat, balai anu katilu tereh nyusul!

15Ti dinya, malaikat anu katujuh, niup sangkakalana: Harita keneh, di sawarga aya sora ngageder, nyarebut: “Alam dunya, ayeuna jadi purbaan Allah nu disembah ku urang katut Anjeunna anu geus diistrenan ku Mantenna, nya eta anu baris ngarajaan salalanggengna!”

16Dua puluh opat sesepuh anu caralik dina tahta payuneun Allah, bruk sarujud;

17tuluy bareng mariunjuk: “Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, Anu jumeneng kiwari, anu jumeneng bihari! Sembah sewu-sewu sukur, Gusti ngasta kawasa rohaka, kiwari Gusti Nu nyakrawati.

18Bangsa-bangsa anu henteu daraek sumembah, pada narembongkeun amarah. Nanging wawales ti Gusti parantos nitih ka wanci: Ngaragragkeun hukum ka nu paraeh, ngaganjar ka paraabdi, nabi-nabi sareng jalmi nu saruci, anu ngaraos gimir ku Gusti, boh nu aya harkat, boh nu tuna harkat. Ayeuna ninggang mangsana, ngabasmi maranehna, anu ngaruksak jagat buana.”

19Sanggeus kitu, bray Bait Suci di sawarga muka. Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Kilat-kilat tingkerelep, guludug ngaguruh pating gulugur, dibarung ku lini jeung hujan es anu pohara hebatna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 11):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel