Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 12 >> 

1Geus kitu, di langit aya hiji totonde nu kacida ahengna. Aya hiji awewe anu papakeanana panonpoe; sukuna ngadampal bulan; sirahna make makuta dua belas bentang.

2Eta awewe teh rek ngajuru sagebroleun, mani ngoceak awahing ku nyeri ngahaeutkeun kana gebrol.

3Aya deui kaahengan sejen di langit: Aya naga anu kacida gedena, beureum burahay, huluna tujuh, tandukna sapuluh, jeung unggal huluna make makuta.

4Buntutna dipake ngaranggeum sapertiluna bentang-bentang di langit, tuluy dibabetkeun ka bumi. Geus kitu, eta naga ngadangong hareupeun nu rek ngajuru; karepna rek nyapluk orok upama enggeus kaluar.

5Brol, awewe teh ngajuru, orokna lalaki. Ieu orok teh bakal murba ku iteuk beusi ka sakabeh bangsa. Harita, dumadakan, orokna teh aya anu ngejatkeun ka Allah pikeun dibawa ka singgasana-Na.

6Ari indungna mah, ngejat ka alas kikisik. Satuluyna, eta awewe teh matuh dihiji tempat: Kenging Allah nyayagikeun sarta bakal dibayuan didinya, pililaeunana sarebu dua ratus poe.

7Geus kitu, di sawarga aya perang. Mikail jeung malaikat-malaikatna tarung ngayonan naga sawadya baladna.

8Naga kasoran, teu bisa deui ngancik di sawarga.

9Naga, si oray kahot, — anu ngaranna Iblis atawa Setan anu nyasabkeun saalam dunya — ditotogkeun ka bumi katut sawadya baladna.

10Geus kitu, di sawarga aya sora anu ngaguruh, anu ngarucap: “Kasalametan kagungan Allah ayeuna enggeus gumelar. Allah geus mintonkeun kawasa-Na nawiskeun Mantenna Raja. Kitu oge Anjeunna, anu diistrenan ku Mantenna, geus mintonkeun yen nyangking pamarentahan. Tukang istori, anu beurang peuting gawena ngelak-ngelakkeun dulur-dulur urang ka Allah, geus dipiceun ti sawarga.

11Dulur-dulur urang geus unggul, bisa ngelehkeun manehna, berkah getih-Na Anak Domba, jeung ku kayaktian anu diwawarkeunana, tur tarungna toh pati jiwa raga.

12Ku sabab eta, sing gerah, eh sawarga, kitu deui aranjeun anu ngarancik di dinya! Balai maneh, bumi jeung laut! Iblis geus turun ka tempat maneh, ambekna kaliwat saking, dumeh ngarasa geus meh kasedek ku waktu.”

13Barang Naga tea eling, yen geus ditotogkeun ka bumi; sebrut, eta naga, ngudag ka awewe anu ngajurukeun budak lalaki tea.

14Tapi eta awewe teh, ku Allah dipaparin jangjang galudra; tuluy eta awewe disina hiber ka alas kikisik, urutna bareto: Meunang tilu taun satengah di dinya, dibayuan jeung dijaga tina ancaman Naga.

15Ti dinya, Naga teh nyebrotkeun cai tina sungutna anu ngajadi walungan banjir; maksudna mah, sina ngalegleg ka awewe tea.

16Tapi bumi nulungan ka eta awewe, wag calangap, walungan buatan Naga teh dicapluk.

17Bawaning ku gemes ka eta awewe, leos, Naga teh indit: Arek nempuh kana sesa turunan eta awewe, nya eta jelema-jelema anu iman kana dawuhan Allah jeung nyarekel kana pertelaan Isa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 12):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel