1(47-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (47-2) He sakumna umat, geura keprok sing rame! Paruji Allah ku lalaguan sing tarik!
2(47-3) PANGERAN Nu Maha Agung, wajib dipikaserab; Mantenna raja agung, ngasta sakuliah jagat.
3(47-4) Urang ku Mantenna disina ngungkulan bangsa-bangsa, urang disina ngawasaan bangsa-bangsa.
4(47-5) Ku Mantenna dipangmilihkeun tempat pamatuhan, tanah kareueus bangsa nu diasih ku Mantenna.
5(47-6) Allah parantos mancat kana tahta-Na, dipirig ku surak jeung sora tarompet.
6(47-7) Nyanyikeun pujian ka Allah, nyanyikeun pujian ka raja urang!
7(47-8) Sabab Allah teh raja sajagat buana, puji ku lalaguan!
8(47-9) Allah ngabawah bangsa-bangsa, lumenggah dina tahta-Na nu suci.
9(47-10) Para pamingpin bangsa karumpul ngahiji jeung umat Allahna Ibrahim. Allah teh punjul ti sakabeh kakuatan, marentahna pinunjul.