Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 15 >> 

1Jawaban sareh nyirnakeun amarah. Jawaban nyogok ngahudang napsu.

2Jalma nu boga pangarti mah ana nyarita kaciri yen ngeusi. Nu burung mah harus omongna wungkul.

3PANGERAN uninga kana kajadian di mana-mana. Kalakuan urang boh nu hade boh nu goreng ku Mantenna katilik.

4Ucap genah matak seger, ucap anu garihal mah nyentug.

5Goreng pisan anak ngalalaworakeun papatah bapa. Anu ngestokeun panggeuing bapana nandakeun yen tumarima.

6Jelema bener mah harta bandana karaksa. Harta banda jalma jahat mah bakal beak dina usum suker.

7Kanyaho teh nyebarna ti nu palinter, lain ti nu barodo.

8Paneda jalma balener kamanah ku PANGERAN. Sabalikna jalma jarahat mah pangbaktina ge dipikageuleuh.

9PANGERAN ceuceub kana cara hirupna jalma doraka, tapi asih ka jalma nu hade lampah.

10Mun lampah urang goreng tangtu dihukum beurat. Jalma nu embung narima pepeling moal jamuga.

11Nu aya di enggon nu paeh ge ku PANGERAN mah kauninga. Jadi pimanaeun manusa bisa nyumputkeun eusi hatena ti Allah?

12Tukang cacawad mah embung digeuing, tara teh teuing daek tatanya ka nu palinter.

13Jalma nu keur meunang kabungahan, budina marahmay, ari keur bingung mah nguyung.

14Pangarti teh ku nu pinter mah diulik, ari nu gejul mah geus bodo teh enggeus bae.

15Nu mariskin hirupna teu weleh ripuh, ari anu sararenang tara kendat sukan-sukan.

16Miskin oge ari iman ka PANGERAN mah leuwih bagja ti batan beunghar tapi loba kasusah.

17Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.

18Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.

19Di mana-mana ge ari kedul mah hese hirup. Hayang ulah manggih susah mah kudu jujur.

20Anak anu bijaksana nyenangkeun hate bapana. Ngan jalma gejul anu ngarendahkeun ka indung mah.

21Nu gejul mah bodo oge ngeunah-ngeunah bae. Ari nu dilampahkeun ku nu pinter mah pagawean bener.

22Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.

23Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan.

24Jalma binangkit mah jalanna teh ka luhur ngajugjug kana hirup, lain ka handap kana pipaeheun.

25Nu adigung baris ditumpes rumah tanggana ku PANGERAN. Sabalikna pangaboga randa mah ku Mantenna ditangtayungan.

26PANGERAN mikagiruk pipikiran jelema goreng, sabalikna misuka kana ucap-ucap nu darehdeh.

27Nyokot untung bari teu jujur, matak susah anak rabi. Tong daek nampa panyogok sangkan bisa hirup mayeng.

28Jelema hade mah memeh ngajawab teh mikir heula. Sabalikna jelema goreng mah gancang ngajawab, tapi matak nyusahkeun.

29Paneda jelema hade ku PANGERAN didangu, nu doraka mah moal dipirosea.

30Parangi hade ngagumbirakeun hate, beja hade matak lega rarasaan.

31Daek malire kana panggeuing, nandakeun yen bijaksana.

32Mun urang nolak kana nasehat, nu rugi diri sorangan. Sabalikna mun daek narima pepeling, bakal jadi leuwih bijaksana.

33Sieun ku PANGERAN teh atikan nu mawa hikmah. Mun hayang kaajen kudu handap asor heula.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel