Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 14 >> 

1Ti barang lahir manusa teh lemah teu aya daya, pondok umurna seueur kasusahna,

2enggal alum enggal murag cara kembang, les musna cara kalangkang.

3Kersa Gusti mandang saeutik mah ka abdi, ya Allah? Atanapi abdi teh bade dijogokeun ka pangadilan?

4Manusa mah mo tiasa ngabijilkeun sipat suci kawantos sipat kaayaanana najis.

5Jumlah umurna, jumlah bulanna ku Gusti parantos dipatok ti samemehna ti sateuacanna parantos dipasti hamo bisa robah deui.

6Tong ditingalikeun bae, mending antep sina nyorangan, sina ngararasakeun genah tina hirupna anu pinuh ku kacape.

7Leuheung tangkal, dituar ge henteu lapur-lapur teuing, da osok sirungan deui,

8najan akarna ngolotan, tunggulna paeh kaurugan taneuh,

9ana kasaba ku cai mah pelentung kaluar sirung, semu hurip kawas pepetetan anyar.

10Ari jalmi ana maot tuluy buntu, hirupna duka ka mana tuluyna.

11Jeg walungan saat ngoletrak, eureun ngocorna, kawas talaga surud caina, tuluy garing,

12kitu keneh jalma ana geus paeh moal hirup deui, nepi ka leungitna langit ge moal hudang-hudang, moal lilir-lilir pikeun saterusna.

13Anggursi abdi sumputkeun, di ditu di alam nu paraeh, masing buni, ngantos bendu Gusti sirna, nepi ka cunduk waktuna abdi dipiemut deui.

14Na tiasa jalmi nu parantos maot hirup deui? Abdi mung hayang enggal leupas tina ieu kalaraan, hayang rada senang ulah kawas ayeuna.

15Supados samangsa-mangsa digentraan bisa enggal ngawangsul, tangtos ieu mahluk kagungan teh ku Gusti baris kamanah.

16Najan saincak-incak angger diawaskeun bae, nanging tangtos moal ditaliti deui salahna,

17da parantos dihampura, dilubarkeun tina dosa, sugri kaluluputan parantos dipupus.

18Sakumaha gunung-gunung lalongsor urug, cadas-cadas ngalaleser,

19batu-batu lalegok kacurugan ku cai taneuh palid ku hujan gede. Nya kitu pisan Gusti oge ngabasmi pangharepan hirup manusa.

20Manusa geus eleh ku Gusti, lajeng diusir salalamina beungeutna diparieuskeun kana pati

21najan anakna marulya, manehna teu terang-terang, atanapi lamun anakna dihihina, manehna teu mendak beja,

22wungkul ngarasakeun kanyeri anu keur nyiksa ragana, bari hatena banget nalangsa."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel