Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 20 >> 

1(20:1-2) Sopar: "Beu, nepi ka kituna Ki Ayub! Kapaksa ieu mah kudu ditimpalan.

2(20:1)

3Make ngancam sagala. Tapi kuring nyaho kudu kumaha nakisna.

4Anjeun tangtu nyaho, ti jaman baheula, ti barang di dunya aya manusa,

5acan aya jalma jahat nu lana hirup jamuga.

6Memang nu karitu oge osok naranjung laluhur, malah ceuk babasanna nepi ka maratan langit, sirahna nyundulan mega.

7Tapi mo teu buyar lir kekebul. Nu kungsi wawuh jeung eta kari heranna nu aya, pamikirna na ka mana lesna eta jelema!

8Teu beda ti impian atawa tetenjoan riwan ti peuting, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana, moal tembong-tembong deui,

9musna ti tempat matuhna.

10Kakayaan beunangna rarampas ti nu malarat kudu digantian ku anak-anakna.

11Urut buta tulang buta daging, bet kudu gancang-gancang mulang ka jero taneuh.

12(20:12-13) Kajahatanana karasaeun ngeunahna, ngadaharna dikemut lila dina sungutna, ngarah lila ngarasakeunana.

13(20:12)

14Ari geus nepi ka jero beuteung bet molelel, pait teu beda ti racun.

15Tungtungna kakayaan beunangna rerebut teh kautahkeun deui, dirampas deui ku Allah, nu geus di jero beuteungna ge diudal.

16Nu diteureuyna teh lir racun. Tangtu si jahat teh bakal paeh kawas nu dipacok ku oray matih.

17Moal bisa terus hirup, moal nenjo walungan minyak jetun, moal nenjo susukan anu limpas ku susu jeung madu.

18Beubeunangan usahana bakal dipulangkeun ka batur, manehna mah moal ngasaan ni’mat kakayaanana.

19Kawantu beunang meres, beunang ngarangsadan ti nu malarat, imahna ge meunang ngajabel ti batur.

20Ku sarakah-sarakahna nepi ka euweuh kaseubeuhanana.

21Daharna tara nyesakeun. Datang mangsana kamuktianana leungit.

22Keur meumeujeuhna maju, beredeg ditempuh ku sagala bancang pakewuh.

23Keun sina jembluk heula, da moal teu dihukum ku Allah. Moal teu bendu Allah teh ka dinya.

24Tur moal bisa sumingkir, luput tina pedang beusi, moal teu ngudupung beunang ku gondewa tambaga.

25Awakna parat ku jamparing, congo panah ngagurilap, cer bae getihna mancer, jajantungna ngajeletot.

26Kakayaan beunangna ngadama-dama ledis sapisan, dirina saanak pamajikan tingjarungkel tutung kaduruk, duka seuneu ti mana da lain beunang manusa.

27Dosana ku langit didingding-dingding, ku bumi dituding-tuding.

28Kamuktianana dibasmi, beak palid ku bebendu Allah.

29Tuh kitu bagianana jalma jahat mah. Kitu dipastikeunana ku Allah."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel