Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 39 >> 

1Nyaho maneh kana waktuna embe cadas anakan? Enggeus maneh nyaksian uncal jarah ngajuru?

2Bisa maneh ngitung bulanna nepi ka jejeg waktuna anakan?

3Nyaho maneh keur ngaheujeunna, nepi ka borosot anakna bijil ka alam dunya?

4Anakna ngagaledean di pileuweungan, geus galede marisahkeun maneh ninggalkeun indungna.

5Ku saha diaburna kalde jarah? Ku saha diumbarna sina ngencar bebas lepas?

6Minangka kandangna ku Kami disadiaan gurun keusik, sina ngumbar maneh di daerah nu pangset taneuhna.

7Hirupna jauh ti kota-kota, ti nu garandeng, moal aya nu bisa ngadalian bari seug digawekeun.

8Nyatuanana di sampalan pagunungan, sakarep-karep milihan dangdaunan nu harejo.

9Daekeun banteng mun ku maneh digawekeun, atawa ari ti peuting dikandangan?

10Bisa ku maneh dikaluhan sina narik wuluku, atawa sina ngagusur garu di sawah?

11Bisa maneh make tanaga rongkahna sina nalangan ngagawekeun anu bareurat?

12Dina usum panen, na bisa ku maneh sina ngakutan pare, atawa sina ngumpulkeun gabah ti pangirikan?

13Manuk onta kikiplikna mah gancang naker, tapi euweuh manuk onta anu cara bango bisa hiber.

14Ana ngendog, endogna diantep ngagaloler dina taneuh, sina kahaneutan ku ngelekebna hawa tina taneuh.

15Teu boga pisan kamelang bisi endogna katincak, atawa kaidek ku sasatoan,

16kawas lain ka endogna bae, mangsa bodo masing usahana percumah oge.

17Dihaja ku Kami sina sakitu bodona, teu dibere temah wadi.

18Tapi ana enggeus lumpat, kuda balap katut jokina ge ku eta diseungseurikeun.

19Naha beunang maneh, Ayub, nu matak kuda sakitu gagahna? Naha maneh anu ngararangkenan beuheungna ku susuri mani ngerab?

20Na ku maneh pangna eta bisa ngajleng kawas simeut, jeung ana sesegor matak sawan?

21Cokorna mani kekeduk nyakaran taneuh, bisa nyemprung muru medan perang, daweung teuneung ulat gagah.

22Sepi karisi euweuh kasieun, cadu mundur, teu rempan ku congo pedang.

23Pakarang pahlawan nu tarumpakna tinggalenjreng disarada, tinggurilap katojo sang surya.

24Mun ngadenge teretetna sora tarompet, bangun geus teu betah cicing, awakna ngagidir bangun nguntup hayang geura prung.

25Saban teretet tarompet, seug bebenger, samemeh der perang campuh, hawana geus kaambeueun. Ceulina rancung, resepeun ngadenge sosoakna para panglima paparentah.

26Ari manuk heulang, na ku maneh diwarahna hiber, sina meberkeun jangjangna ana eukeur nyuruwuk ka kidul?

27Kitu deui rajawali, na kudu ngadenge parentah maneh heula, sangkan nyayangna di gunung anu laluhur?

28Kapan nyayangna teh dina sela-sela cadas pangluhurna, lebah penglutna anu lancip tur netek.

29Ti lebah dinya matana gular-giler, ngawas-ngawas neangan mamangsan geusan hakaneun.

30Ana manggih bangke rob dironom, anak-anakna nyarerotan getih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 39 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel