Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 1 >> 

1Dina tanggal hiji bulan kadua, taun kadua ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, PANGERAN nimbalan ka Musa ti Kemah Tepangana-Na di Gurun Keusik Sinai. Timbalana-Na,

2(1:2-3) "Maneh jeung Harun kudu nyacahkeun urang Israil, nurutkeun kaom jeung wargana masing-masing. Anu geus meujeuhna jadi prajurit, nya eta anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, kabeh catet ngaranna.

3(1:2)

4Menta dibantu ku kapala ti unggal kaom."

5(1:5-16) Ieu ngaran-ngaranna anu jaradi kapala kaom masing-masing anu dihiras ngabantu Musa jeung Harun: Kaom-Kapala; Rubin-Elisur bin Sedeur; Simeon-Selumiel bin Surisaday; Yuda-Nahson bin Aminadab; Isaskar-Netanel bin Suar; Sebulun-Eliab bin Helon; Epraim-Elisama bin Amihud; Menase-Gamaliel bin Pedasur; Binyamin-Abidan bin Gidoni; Dan-Ahieser bin Amisaday; Aser-Pegiel bin Okran; Gad-Elisap bin Rehuel; Naptali-Ahira bin Enan.

6(1:5)

7(1:5)

8(1:5)

9(1:5)

10(1:5)

11(1:5)

12(1:5)

13(1:5)

14(1:5)

15(1:5)

16(1:5)

17Dibantu ku ieu dua welas urang, Musa jeung Harun

18dina tanggal hiji bulan kadua ngumpulkeun jelema, didaptarkeun nurutkeun rundayan jeung wargana. Sakur anu umurna dua puluh taun ka luhur diitung jeung dicatetkeun ngaranna,

19sakumaha timbalan PANGERAN. Didaptarkeunana ku Musa di Gurun Keusik Sinai.

20(1:20-46) Kabeh sakur anu umurna geus dua puluh taun atawa leuwih, anu pantes jadi prajurit, ngaranna dicatet nurutkeun kaom jeung wargana, mimiti ti kaom Rubin, putra Yakub anu cikal. Pareleanana kieu: Kaom-Jumlah; Rubin-46.500 urang; Simeon-59.300 urang; Gad-45.650 urang; Yuda-74.600 urang; Isaskar-54.400 urang; Sebulun-57.400 urang; Epraim-40.500 urang; Menase-32.200 urang; Binyamin-35.400 urang; Dan-62.700 urang; Aser-41.500 urang; Naptali-53.400 urang; Jumlah=603.550 urang.

21(1:20)

22(1:20)

23(1:20)

24(1:20)

25(1:20)

26(1:20)

27(1:20)

28(1:20)

29(1:20)

30(1:20)

31(1:20)

32(1:20)

33(1:20)

34(1:20)

35(1:20)

36(1:20)

37(1:20)

38(1:20)

39(1:20)

40(1:20)

41(1:20)

42(1:20)

43(1:20)

44(1:20)

45(1:20)

46(1:20)

47Kaom Lewi henteu bareng didaptarkeun jeung kaom-kaom sejen.

48Sabab kieu timbalan PANGERAN ka Musa,

49"Waktu nyacahkeun anu geus meujeuhna dijieun prajurit, kaom Lewi ulah diasupkeun.

50Kaom Lewi mah sina ngurus Kemah Tepangan jeung parabotna, purah ngagotong Kemah Tepangan saparabotna katut purah ngalalayananana. Pakemahanana oge kudu sakuriling eta.

51Upama maraneh pindah, anu ngaruag Kemah Tepangan jeung masangna deui di pasanggrahan anyar kudu kaom Lewi. Anu sejen, saha bae anu wani deukeut-deukeut ka Kemah Tepangan kudu dipaehan.

52Urang Israil anu lianna, pakemahanana kudu nurutkeun kumbuhanana masing-masing, unggal kumbuhan boga umbul-umbul sorangan, kapalana saurang.

53Kemah kaom Lewi kudu ngurilingan Kemah Tepangan, pikeun ngajaga nu sejen ulah deukeut-deukeut ka dinya, bisi urang Israil disamber ku bebendu Kami."

54Seug urang Israil ngalampahkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel