Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 22 >> 

1Urang Israil maju deui, terus masanggrahan di hiji tegalan di Moab, peuntaseun Walungan Yordan beulah wetan nyanghareup ka Yeriho.

2Barang Balak bin Sipor raja Moab ngareungeu beja hal wewesen urang Israil ka urang Emor, jeung barang meunang beja sakumaha lobana urang Israil,

3Balak jeung rahayatna jadi sieuneun.

4Ti dinya urang Moab teh ngomong ka para pamingpin urang Midian, pokna, "Eta gorombolan teh sakeudeung deui ge datang ngaruksak ka sakurilingeun urang cara banteng nyatuan di sampalan." Geus kitu Balak

5nitah ngahaturanan Balhum bin Beor anu calik di Petor deukeut Walungan Eprat di tanah Amaw. Kieu amanat Balak, "Hatur uninga, aya hiji bangsa datang ti Mesir, mani nakleuk pinuh di mana-mana ngancam rek ngajabel tanah kaula.

6Bilanganana langkung seueur ti batan bilangan kaula. Ku margi kitu saderek mugi kersa linggih ka kaula, pangnyapakeun eta bangsa supados kaula tiasa ngelehkeun atanapi ngabuburak. Kaula terang, mana-mana anu diberkahan ku saderek tangtos jamuga, anu disapa ku saderek tangtos cilaka."

7Utusan Moab jeung para kapala urang Midian arindit nepungan Balhum, mawa duit pikeun upah nyapa, tuluy ngunjukkeun amanat Balak.

8Saur Balhum, "Marondok heula di dieu sawengi, isukan aya wartos kumaha timbalan PANGERAN ka kaula." Utusan Moab peuting eta marondok di Balhum.

9Allah sumping ka Balhum, mariksa, "Saha eta jelema-jelema anu marondok teh?"

10Wangsul Balhum, "Sumuhun utusan Raja Balak ti Moab, ngawartosan

11yen aya hiji bangsa jebulna ti Mesir minuhan sakuliah tanahna. Sanggemna ku abdi kedah disapa supados tiasa dielehkeun atanapi diusir ti tanahna."

12Dawuhan Allah, "Ulah milu, jeung ulah daek nyapa ka urang Israil, sabab eta umat diberkahan ku Kami."

13Isukna Balhum mendakan utusan Balak sarta saurna, "Geura marulang. Kaula moal ka ditu, henteu widi ku PANGERAN."

14Para utusan marulang, pupulih ka Balak yen Balhum teu kersaeun.

15Balak ngirim deui utusan leuwih loba tur jelema-jelemana leuwih parenting ti batan nu ti heula.

16Sadaratangna ka Balhum pok ngunjukkeun amanat Balak, "Mugi saderek teu ngaraos kaabotan sumping ka kaula.

17Tangtos ku kaula dipulang tarima sapantesna, sareng naon bae sapamundut tangtos ditedunan. Ulah teu sumping, pangnyapakeun eta bangsa."

18Waler Balhum, "Masing Balak dugi ka maparin emas perak nu aya di karatonna, kaula teu werat ngalanggar dawuhan PANGERAN Allah kaula, teu wantun saeutik-eutik acan.

19Parandene, sae karulem heula sawengi di dieu sapertos nu ti payun, manawi kaula kenging deui pituduh ti PANGERAN."

20Peutingna Allah sumping deui ka Balhum, ngandika, "Ari dikeukeuhan mah jig bae milu, tapi pilampaheun maneh kudu kumaha timbalan Kami."

21Isukna Balhum nyelaan kalde, bral angkat jeung para utusan Moab.

22Allah bendu ka Balhum dumeh Balhum ngiring ka nu ngangkir. Balhum jongjon dina tonggong kalde diiring ku dua gandek, teu uningaeun di hareup dipegatan ku malaikat PANGERAN anu ngadeg di tengah jalan.

23Kaldena nenjoeun di hareup aya malaikat anu ngabar pedang, tuluy nyimpang mapay tegalan. Ku Balhum digitik sina ka jalan deui.

24Malaikat megatan deui di lebah anu gupit, anu kahapit ku dua pager tembok kebon anggur.

25Katenjoeun deui ku eta kalde, seug kalde teh meped kana pager tembok nepi ka sampean Balhum ngagasruk ka dinya. Ku Balhum digitik deui.

26Sakali deui malaikat teh megatan, ngadegna di nu kacida gupitna, kenca katuhu taya lolongkrang deui.

27Kalde nenjoeun, seug kalde teh ayeuna mah ngagolerkeun maneh. Balhum seep kasabaranana, jebrod deui kalde teh digitik ku teteken.

28Kersaning PANGERAN, ngong bae kalde teh bisa ngomong ka Balhum, kieu, "Na lepat naon kuring teh? Juragan dugi ka tilu kali ieu ngagitik, naon margina?"

29Waler Balhum, "Salah sia ngajengkelkeun ka aing! Cacak lamun aing nyekel pedang boa sia dipodaran!"

30Kalde ngajawab, "Sanes kuring teh kalde Juragan ti kapungkur, anu salamina dianggo ku Juragan? Na biasana kuring kieu peta ka Juragan teh?" "Henteu!" walerna.

31Ti dinya Balhum ku PANGERAN dikersakeun iasa ningali ka eta malaikat anu keur ngabarkeun pedang. Bruk Balhum sujud kana taneuh.

32Malaikat mariksa, "Salah naon eta kalde digitikan nepi ka tilu kali ieu? Kami ngahaja megatan jalan sangkan maneh ulah laju.

33Untung eta kalde nenjoeun ka kami nepi ka tilu kali nyisi. Cacak lamun henteu, maneh ku kami dipaehan, kalde mah moal."

34Balhum ngawangsul, "Sadaya-daya rumaos dosa, sareng teu terang aya anu ngadeg megatan. Nanging bilih dimanah awon saupami teras ka ditu, sim abdi sumeja wangsul deui bae."

35Tapi waler eta malaikat, "Jig bae rek diteruskeun mah. Tapi piomongeun maneh kudu kumaha timbalan kami." Balhum ngalajengkeun lampah bareng jeung jelema-jelema anu ngangkir.

36Barang Balak meunang beja yen Balhum geus aya di jalan tuluy mapagkeun ka kota Ar di wewengkon Walungan Arnon, wates tanah Moab.

37Saur Balak ka Balhum, "Ku naon kamari ieu teu sumping waktos diangkir ti payun? Bilih teu diutamikeun panginten, bilih kaula kirang panarima?"

38Waler Balhum, "Kapan ieu dongkap, geuning! Nanging bade tiasa naon ari kaula? Mung tiasa ngucapkeun naon-naon anu diandikakeun ku Allah bae."

39Balhum ku Balak dicandak ka kota Hasot.

40Di dinya Balak meuncit sapi jeung domba dipake mupundutan ka Balhum jeung ka para kapala anu ngangkir anjeunna.

41Poe isukna Balhum ku Balak disampeur, tuluy dicandak ka Pasir Baal. Ti lebah dinya katingalieun ku Balhum sabagian urang Israil keur neba.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel