Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 4 >> 

1PANGERAN ngandika deui ka Musa,

2miwarang nyatetkeun urang Lewi kaom Kahat, kaom-kaomna, warga-wargana,

3ti semet umur tilu puluh nepi ka lima puluh taun, anu pantes pikeun digawekeun di Kemah Tepangan.

4Pagaweanana nya eta ngurus barang-barang anu pangsucina.

5Ti dinya PANGERAN ngandikakeun ieu aturan ka Musa: Lamun pasanggrahan rek pindah, Harun sapala putra kudu ka jero Kemah, nurunkeun lalangse anu mindingan Peti Perjangjian, tuluy kudu dipake ngarurub eta peti.

6Geus kitu kudu ditutupan ku kulit lemes sarta saterusna kudu diruruban ku lawon biru, tuluy petina kudu dicorok ku rancatan.

7Meja paranti neundeun roti haturan PANGERAN kudu ditaplakan ku taplak biru. Piring-piring, pinggan-pinggan wadah dupa, pinggan-pinggan paranti kurban, kendi-kendi anggur kurban, teundeunan di dinya. Dina eta meja salawasna kudu aya roti haturkeuneun.

8Eta kabeh tutup ku lawon beureum, tutupan deui ku kulit lemes, tuluy corok mejana ku rancatan dina parantina.

9Ajug-ajug lampu, lampu-lampu, cacapit-cacapit, cepuk-cepuk, jeung wadah-wadah minyak jetun, bungkus ku lawon biru.

10Eta ajug-ajug jeung parabot-parabotna kudu ditutupan ku kulit lemes, tuluy kudu diteundeun kana gotongan.

11Geus kitu altar emas kudu ditutupan ku lawon biru, tuluy ku kulit lemes, altarna tuluy corok ku rancatan.

12Pakakas-pakakas paranti Tempat Suci kudu dibungkus ku lawon biru, tuluy ku kulit lemes, terus teundeun kana gotongan.

13Lebu gemuk tina altar kudu dikeduk, altarna tutupan ku lawon wungu.

14Sagala pakakas kaperluan altar, piring-piring wadah seuneu, pangrojok, panyodok, jeung jambangan-jambangan, teundeunan dina luhur eta altar, tutupan ku kulit lemes, tuluy altarna corok ku rancatan.

15Dina waktuna pasanggrahan indit, eta barang-barang suci digotongna kudu ku kaom Kahat. Kitu soteh lamun eta paparabotan geus tarapti kabeh dibungkusanana ku Harun sapala putra. Kaom Kahat teu meunang cubuk-cabak kana eta barang-barang suci, sabab tangtu tiwas. Kitu kawajiban kaom Kahat lamun Kemah Tepangan dipindahkeun.

16Ari Imam Elasar putra Harun, kawajibanana ngurus Kemah sagemblengna, ngaminyakan lampu-lampu, ngurus padupaan, ngurus kurban gandum, ngurus minyak suci jeung sagala rupa anu aya di jero Kemah Tepangan, anu enggeus disucikeun haturan PANGERAN.

17PANGERAN ngandika deui ka Musa jeung Harun,

18"Kahade, kaom Kahat

19ulah deukeut-deukeut kana barang-barang suci supaya ulah tiwas. Sangkan ulah nepi ka kajadian kitu, Harun jeung anak-anakna kudu ngatur heula eta barang-barang di jero Kemah Tepangan. Lamun geus beres dibungkusanana, kakara jalma-jalma kaom Kahat diatur sacabakna-sacabakna nu mana gotongeunana.

20Sabab lamun maranehna asup ka jero Kemah Tepangan memeh beres sarta heug narenjo eta parabot-parabot suci bawaeun pindah keur diuruskeun keneh ku imam-imam, tangtu tariwas."

21PANGERAN ngandika deui ka Musa,

22miwarang nyatetkeun urang Lewi kaom Gerson sakaomna sawargana,

23jeung nyatet anu umurna ti tilu puluh nepi ka lima puluh taun, anu nyumponan sarat pikeun digawekeun di Kemah Tepangan.

24Anu baris jadi kawajibanana nya eta ngurus ieu barang-barang:

25Kemah, tenda luar, tenda jero, kulit lemes tutup puncak Kemah, lalangse lawang asup,

26reregan jeung tali-talina anu di palataran sakuriling Kemah jeung altar, lalangse lawang asup ka palataran, jeung sagala rupa anu aya patalina jeung eta barang-barang. Sagala urusan anu tumali jeung eta, maranehna anu kudu ngurusna.

27Musa jeung Harun kudu ngajaga supaya kaom Gerson ngalampahkeun eta kawajiban jeung nadah parentah Harun sapala putra.

28Eta sagala kawajiban kaom Gerson di jero Kemah dikapalaan ku Imam Itamar putra Harun.

29PANGERAN ngandika deui ka Musa, miwarang nyatetkeun urang Lewi ti kaom Merari, nurutkeun wargana masing-masing.

30Jeung kudu nyatet anu umurna ti tilu puluh nepi ka lima puluh taun, anu nyumponan sarat pikeun digawekeun di Kemah Tepangan.

31Anu baris jadi kawajibanana nya eta ngurus papan-papan dingding Kemah, jaruji-jarujina, tihang-tihangna jeung tatapakan-tatapakanana,

32pancuh-pancuh jeung tambang-tambangna anu di palataran sakuriling Kemah, jeung sakur anu aya patalina jeung eta. Kawajibanana masing-masing aya bagianana sorangan.

33Kitu kawajiban kaom Merari di Kemah Tepangan, dikapalaan ku Imam Itamar putra Harun.

34(4:34-48) Luyu jeung timbalan PANGERAN, Musa, Harun, jeung para kokolot umat, nyacahkeun urang Lewi anu tilu kaom, nya eta kaom Kahat, kaom Gerson, jeung kaom Merari. Ku aranjeunna didaptar anu umurna ti tilu puluh nepi ka lima puluh taun, anu nyumponan sarat pikeun digawekeun di Kemah Tepangan. Hasilna: Kaom-Jumlah; Kahat-2.750 urang; Gerson-2.630 urang; Merari-3.200 urang; Jumlah=8.580 urang.

35(4:34)

36(4:34)

37(4:34)

38(4:34)

39(4:34)

40(4:34)

41(4:34)

42(4:34)

43(4:34)

44(4:34)

45(4:34)

46(4:34)

47(4:34)

48(4:34)

49Jelema-jelema teh didaptarkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa. Unggal jelema kudu sina tanggung jawab kana kawajibanana masing-masing, naon anu kudu dipigawe, naon anu kudu digotong. Kitu timbalan PANGERAN ka Musa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel