Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 33 >> 

1He jalma-jalma saleh, geura surak, ciri bungah ku padamelan PANGERAN. He nu narurut ka Mantenna, puji Mantenna.

2Kudu sukur ka PANGERAN make kacapi, pek nyaranyi keur Mantenna, make tatabeuhan kawat.

3Pujikeun lagu anyar, keur Mantenna, sing pinter ngacapina, pirig ku surak gumbira.

4Sabda PANGERAN teh saestu, sugri nu dipidamel-Na taya kuciwana.

5PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan, dunya pinuh ku murah asih-Na.

6PANGERAN ngajadikeun langit ku pangandika-Na, panonpoe, bulan, bentang-bentang, jadina ku dawuhana-Na.

7Laut-laut ku Mantenna dihijikeun, disatempatkeun samudra ditahan sina ngabendung.

8Bakti PANGERAN, he jagat sakuliahna! Hormat Mantenna, he pangeusi dunya!

9Waktu Mantenna ngandika, jleg dunya ngajadi; ku parentah Mantenna, jleg saniskara ngabukti.

10PANGERAN ngagagalkeun tarekah bangsa-bangsa, pakarepan maranehna kabeh jadi gaplah.

11Ari tarekah PANGERAN mah tetep langgeng, tujuana-Na tetep sapanjang jaman.

12Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN, bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.

13PANGERAN ngawaskeun ti sawarga, nitenan sakumna umat manusa.

14Ti tahta-Na, Mantenna neuteup nelek-nelek ka sakur nu kumelip di bumi.

15Mantenna nu ngukir hate manusa, uninga ka sugri paripolahna.

16Unggulna raja lain ku sabab kuat baladna, unggulna prajurit lain dumeh bedas tanagana.

17Kuda perang moal matak unggul perang, najan gede tanagana, moal matak nyalametkeun.

18PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna, ka nu ngaharep kana satia asih-Na.

19Maranehna tangtu diraksa tina baya pati, diraksa jeung dihirupan mangsa kalaparan.

20Urang kudu ngaharep ka PANGERAN; Mantenna teh panyalindungan jeung panulung urang.

21Urang bungah ku karana Mantenna, sarta percaya kana jenengana-Na nu suci.

22Nun PANGERAN, sarengan abdi sadaya ku satia asih Gusti, margi mung ka Gusti abdi-abdi nya muntang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel